Kornét
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kornét nyaéta bahan olaheun tina daging sapi anu diawétkeun.[1] Jinis kadaharan ieu geus kasohor di masarakat, sanajan teu alabatan kasohorna siga baso.[1] Kiwari kornét geus jadi salah sahiji jinis produk olaheun tina daging sapi anu loba dipaké dina papasakan Indonésia. Kornét daging sapi diolah ku cara diawétkeun dina ci uyah (brine), nyaéta cai anu dicampuran ku uyah. Satuluyna diasakan ku cara simmering, nyaéta dikulub ku seuneu leutik pikeun nyegah ancurna si daging sapi téa.[2]