Karéta api Pangandaran nyaéta karéta api panumpang kelas éksekutip jeung ékonomi AC prémium nu ngalayanan ruteu Gambir-Banjar sarta ruteu Bandung-Banjar jeung sabalikna.[1]
KA Pangandaran Logo.jpg | |
---|---|
Karéta api Pangandaran | |
KA Pangandaran di stasion Bandung | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api Jarak Manengah |
Kelas | Éksekutip-Ékonomi AC Prémium |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop 2 Bandung |
Stasion awal | Gambir Banjar |
Jumlah stasion | 6 |
Operasi | |
Dibuka | 2 Januari 2019 |
Dipiboga ku | PT Kereta Api Indonesia |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Lokomotip | CC201, CC203, atawa CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1067 mm |
Listrik | - |
Gancangna operasional | 60 - 90 km/jam |
Titik pangluhurna | +848 (Stasion Nagrég) |
Pikeun ruteu Bandung - Banjar, PT KAI ngalumakukeun tarip promo 1 rupiah salila sabulan ka hareup.[2]
KA Pangandaran dioperasikeun pikeun ngagampilkeun masarakat Priangan Wétan indit-inditan Jakarta, ogé sabalikna, kalawan teu kudu ganti karéta, lantaran ngan KA Serayu wungkul nu ngalayanan ruteu Jakarta-Banjar.[1]
Karéta api ieu ogé boga fungsi ngarojong poténsi pariwisata nu aya di Priangan Wétan, utamana wewengkon Kabupatén Pangandaran anu kasohor miboga loba poténsi pariwisata.[1]
KA Pangandaran ngagunakeun rangkéan karéta éksekutip plus (Stainless Steel/K1 2018) jeung Prémium Plus (Mild Steel/K3 2017) jieunan PT INKA Madiun.[1]
Saacanna ruteu ieu kungsi dilayanan ku karéta api Priangan Éksprés bulan Agustus 2009, ngan ku sabab okupansi anu teu minuhan 60% ti jumlah tempat diuk, jeung ku sabab jadwal anu henteu fleksibel, jadi KA éta eureun beroperasi bulan Désémber di taun nu sarua.
Ngaran Pangandaran dicokot ti Kabupatén Pangandaran anu kasohor ku poténsi pariwisatana sarta perenahna teu jauh ti Stasion Banjar, stasion paeureunan pangtungtungna karéta ieu.
PT Kereta Api Indonesia nyadiakeun angkutan shuttle tuluyan pikeun panumpang KA Pangandaran ti stasion Cibatu ka Kota Garut.[3] Pangoperasian angkutan tuluyan ini pikeun ngagampilkeun panumpang KA Pangandaran anu rék ka Garut atawa sabalikna.[3] Ayana sistem single ticket, panumpang KA Pangandaran bisa langsung ngagunakeun layanan angkutan éta sarta teu kudu meuli tikét deui.[3]
Ieu jadwal lalampahan KA Pangandaran per 1 Désémber 2019 dumasar GAPEKA 2019.
Wikiwand in your browser!
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.