From Wikipedia, the free encyclopedia
Karéta api Argo Parahyangan atawa Gopar (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮃᮁᮌᮧ ᮕᮛᮂᮚᮍᮔ᮪) nyaéta karéta api kelas éksekutip argo (kadang maké rangkéan nu lain éksekutip argo) anu ngahubungkeun Jakarta jeung Bandung.[1] Argo Parahyangan dioperasikeun ku Daop 2 Bandung jeung Daop 1 Jakarta.[2] Karéta ieu téh gabungan Karéta api Argo Gede jeung Karéta api Parahyangan.[3]
Argo Parahyangan | |
KA Argo Parahyangan nikung éndah di daérah Sukaseuri, Cikampék | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api antar kota |
Kelas | Éksekutip Argo Éksekutip Satwa Éksekutip-Ékonomi AC Prémium |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop 2 Bandung |
Stasion terminus | Stasion Bandung Stasion Gambir |
Jumlah stasion | 4-6 |
Operasi | |
Dibuka | 27 April 2010 |
Dipiboga ku | PT Kereta Api Indonesia |
Operator | Daérah Operasi I Jakarta Daérah Operasi II Bandung |
Karakter | lintas pagunungan |
Lokomotip | CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1.067 mm |
Gancangna operasional | 50-100 km/jam |
Titik pangluhurna | +736 m (Cimindi) |
Saprak médalna GAPEKA 2019, KA Argo Parahyangan dijalankeun 36 kali bolak-balik (Reguler jeung Fakultatip).[4] Waktu nu diperlukeun ti Gambir ka Bandung (jeung sabalikna) kira-kira 3 jam, lamun versi excellence mah durasi lalampahanna 2 jam 50 menit.[4] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia Basa Indonésia.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.