Karét (tuwuhan)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Minangka penghasil latéks, tuwuhan karét bisa disebut mangrupa hiji-hijina tuwuhan anu dipelak sacara gegedéan (nazarudin dkk1992).
Tuwuhan karét | |
---|---|
Hevea brasiliensis | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | Malpighiales |
Kulawarga: | |
Subfamili: | Crotonoideae |
Tribus: | Micrandreae |
Subtribus: | Heveinae |
Génus: | Hevea |
Spésiés: | H. brasiliensis |
Ngaran binomial | |
Hevea brasiliensis Müll.Arg. | |
Tuwuhan karét mangrupa tuwuhan anu tumuwuh luhur sarta boga tangkal anu cukup badag.
Luhur tangkal dewasa ngahontal 15-25 méter. Tangkal tuwuhan biasana tumuwuh lempeng sarta mibanda dahan di luhur. Di sawatara kebon karét aya kacondongan pepelakan ieu tumuwuh rada doyong ka arah kalér. Tangkal pepelakan ieu ngandung geutah anu dipikawanoh kalawan ngaran latéks.
Daun karét diwangun ku gagang daun utama sarta gagang anak daun. Panjang gagang daun utama 3–20 cm. Panjang gagang anak daun kira-kira 3–10 cm sarta dina tungtungna aya kelenjar. Biasana aya tilu anak daun anu aya dina saheulay daun karét. Anak daun ngawangun bentuk éliptis, manjang kalawan tungtung nu seukeut. Sisina rata sarta dugul.
Siki karét aya dina saban rohang buah. Jadi jumlah siki biasana aya tilu, sakapeung genep, luyu jeung jumlah rohang. Ukuran siki badag kalawan kulit nu teuas. Warnana cokelat semu hideung kalawan titik-titik kalayan pola anu mandiri.
Luyu kalawan sipat dikotilnya, akar tanagaman karét mangrupa akar tunggang. Akar ieu sanggup menopang batang pepelakan anu tumuwuh luhur sarta badag.