From Wikipedia, the free encyclopedia
Citakan:Use Indian English Citakan:Verification
Géografi | |
---|---|
Lokasi | Bay of Bengal |
Koordinat | 12°30′N 92°45′E |
Kapuloan | Andaman and Nicobar Islands |
Jumlah pulo | 572 |
Pulo gedé | North Andaman Island, Little Andaman, Middle Andaman Island, South Andaman Island |
Lega | 6,408 km² (2,4741 mil²) |
Élévasi pangluhurna | 732 m (2.402 ft) |
Titik pangluhurna | Saddle Peak |
Administrasi | |
Union territory | Andaman and Nicobar Islands |
Puseur dayeuh city | Port Blair |
Administrative region | Yangon Region |
Puseur dayeuh | Yangon |
Demografi | |
Pangeusi | 343,125 (2011) |
Kapadetan pangeusi | 48 /km² (124 /mil²) |
Kelompok suku | Bamar Mainland Indians Jarawa Onge Sentinelese Great Andamanese |
Informasi tambahan | |
Zona wanci |
|
• Summer (DST) |
|
Ramatloka | www |
Kapuloan Andaman (/ˈændəmən/) nyaéta hiji kapuloan, diwangun ku 200 pulo, di kalér-wétaneun Samudra Hindia perenahna aya kana 130 km kidul-kulon ti basisir Myanmar Wewengkon Ayeyarwady. Bareng jeung Kapuloan Nikobar ka kidul maranéhna, Andaman jadi salaku hiji wates maritim antara Teluk Benggala ka kulon jeung Laut Andaman ka wétan. Kalolobaan pulo mangrupa bagian tina Kapuloan Andaman sareng Nikobar, tayalian hiji Kumpulan Wewengkon ti India, sedengkeun Kapuloan Coco jeung Pulo Preparis mangrupa bagian ti Wilayah Yangon Myanmar.
Kapuloan Andaman mangrupa imah pikeun bangsa Andaman, sakumpulan masarakat pribumi anu diwangun ku sababaraha étnis, kaasup Jarawa jeung Sentinelese.[1] Sawaréh ti sababaraha pulo bisa didatangan kalawan ménta heula idin saméméhna, kajaba Pulo Sentinel Kalér ieu teumeunang didatangan sarta dilarang ku hukum teumeunang sagawayah jalma luar asup ka éta pulo. Urang Sentinelese umumna ngamusuhan ka sémah kitu deui ka jalma didinya anu kungsi saeutik kontak jeung urang luar. Pamaréntah India sareng patugana ogé milu ngajaga basisirna pikeun ngamumulé hak privasina urang Sentinelese.[2][3][4]
Dina abad ka-13, ngaran Andaman muncul dina Ahir Cina Tengah salaku ʔˠanH dɑ mˠan (晏陀蠻, diucapkeun yàntuómán dina Mandarin Chinese modern ) dina buku Zhu Fan Zhi ku Zhao Rukuo.[5] Dina buku Bab ka 38 , Countries in the Sea, Zhao Rukuo negeskeun yén angkat ti Lambri (Sumatra) ka Ceylan, tapi angin tarik nyéréd kapalna dugi ka antukna anjog ka Kapuloan Andaman ieu.[5][6]Citakan:Better source needed Dina abad ka-15, Andaman kacatet salaku "Andeman Mountain" (安得蠻山, diucapkeun āndémán shān dina Mandarin Chinese modérn) salila Balayarna Zheng He dina Peta Mao Kun tina Wu Bei Zhi.[7]
Bukti arkéologis pangkolotna pikeun maluruh saha anu nempatan éta pulo dina Milénium ka-1 SM. Bukti génetik nunjukkeun yén pribumi bangsa Andaman timana pituinna, sarta yén anu netep di pulo ieu dina 26,000 taun ka pengker, meureun di ahir Période glasial, nalika tingkat cai laut leuwih handap anu bisa jadi ngurangan jarak antawis Kapuloan Andaman jeung daratan Asia,[8] kalawan sawangan génetik dipercaya yén dua grup linguistik utama papisah dina sabudeureun 16.000 taun ka tukang.[9] Bangsa Andaman mangrupikeun kumpulan anu béda sacara génetik malahan béda pisan sareng urang Asia anu sanés.[10][11]
Rajendra I ngarebut Kapuloan Andaman sareng Nikobar.[12]Anjeunna nganggo Kapuloan Andaman sareng Nikobar salaku pangkalan angkatan laut stratégis pikeun ngalancarkeun ékspédisi ngalawan éta Karajaan Sriwijaya. Chola menyebutn pulo Ma-Nakkavaram ("Nembrak/Taneuh buligir"), Kapanggih tina prasasti Thanjavur taun 1050 kalender kiwari/CE. Tukang ngalalana urang Éuropa Marco Polo (Abad ka 12–13) ogé disebut pulo ieu salaku Necuverann (teu katutupan) sareng wujud rusak tina nami Tamil Nakkavaram engkena baris disebut dina mangsa modérn Nikobar salami jaman kolonial Inggris.[13]
Dina taun 1789, Kaprésidénan Bengal ngadegkeun pangkalan angkatan laut sareng penjara koloni di pulo Chatham]] di bay [[tenggara] ti Andaman gedé. Patempatan ayeuna katelah Palabuhan Blair (sanggeus éta létnan Kelautan Bombay Archibald Blair anu ngadegkeun na). Sanggeus dua taun, koloni éta pindah ka Andaman gedé sarta dingaranan palabuhan Cornwallis sanggeus Admiral William Cornwallis. Kituna ku alatan, aya loba panyakit jeung anu maot dina hukuman koloni jeung pamaréntah ngeureunkeun éta operasina dina Méi 1796.[14][15]
Dina taun 1824, Palabuhan Cornwallis nyaéta tempat ngarumpulna armada nu mawa tentara ka Perang Burma Kahiji.[16] Dina taun 1830-an jeung 1840-an, awak kapal anu titeuleum badarat di Andaman mindeng diserang jeung ditelasan ku pribumi pulo jeung ogé miboga réputasi sok ngahakan jalma cannibalism.[17] Leungitna tina Runnymede ogé Briton dina taun 1844 ngarandapan badéy sarua, bari ngangkut barang jeung panumpang antara India jeung Australia, Sarta terus terusan ngayakeun serangan ku pribumi, anu salamet dilawan, nyieun hariwang Pamaréntahan British.[18] Dina taun 1855, pamaréntah diusulkeun pakampungan sejen dina kapuloan, Kaasup lembaga pamasyarakatan, ngan waé Pemberontakan India tahun 1857 kapaksa ngeureunan dina pangwangunan na. Sanajan kitu, alatan ieu barontak ngabalukarkeun Inggris loba nahan tawanan, éta dijieun pakampungan Andaman anyar jeung panjara kalintang dipikabutuh. Pangwangunan dimimitian dina bulan Nopémber 1857 di ''Port Blair'' ngagunakeun tanaga narapidana, kalayan nyingkahan sabudeureun rawa-rawa uyah nu sigana tidieu pisan sumber loba masalah saméméhna di palabuhan Cornwallis.[4].[rujukan?]
Patempuran Aberdeen ieu perang dina 17 Méi 1859 antara Bangsa Andaman jeung Inggris. Kiwari, hiji pangéling-éling nangtung di kompléks olahraga cai Andaman salaku pangajén ka jalma anu maot dina peperangna. Sieun ku niat Inggris jeung kalayan bantuan ti narapidana kabur ti penjara, Urang Andaman gedé ngajorag pakampungan Inggris, tapi aranjeunna éléh jumlahna antukna loba ngarandapan anu jadi korban. Engké, ieu dicirikeun yén aya hiji narapidana anu bisa kabur ngarannaDudhnath Tewari geus robah pamadegan sarta jadi aya di pihak Britania kalayan jadi anu mérébéja ngeunaan rencana pribumi pikeun ngayakeun ieu serangan.[19][20][21]
Dina taun 1867, éta kapal dagang Nineveh geus ancurdi batu karang di Pulo Sentinel Kalér. 86 korban salamet hasil nepika basisir dina parahu kapal. Dina poé katilu, maranéhna diserang maké tumbak anu tungtungna beusi ku pangeusi éta pulo anu dina kaayaan masih kénéh dibuligir . Saurang tina éta kapal téh bisa kabur make parahu anu séjéna disalametkeun ku kapal Angkatan Laut Karajaan Inggris.[22]
Pikeun sawatara waktu, panyakit jeung anu palastra loba pisan, tapi réklamasi rawa jeung nuar tatangkalan di leuweung tuluy dilaksanakeun. Koloni Andaman jadi kasohor alatan kajadian ditelasanna Raja Anom Richard Southwell Bourke, 6th Earl of Mayo, nalika nganjang ka pakampungan dina (8 Pébruari 1872), ku urang Pashtun ti Afghanistan, Sher Ali Afridi. Dina taun anu sarua, dua grup pulo Andaman jeung kapuloan Nikobar, dihijikeun dina pangriksa komisaris utama anu cicing di Port Blair.[16]
Ti nalika waktos pangwangunanna di 1858 di handapeun panalingaan James Pattison Walker, sarta dina nyingareupan tina ayana barontak taun saméméhna, pakampungan ieu mimitina jeung utamana mangrupakeun tempat pikeun nunda sajumlah tahanan pulitik. Penjara di Port Blair, nalika réngsé dina 1910, kaasup 698 sél disayagakeun pikeun ngurungan; unggal sél diukur 4.5 by 2.7 m (15 by 9 ft) kalayan jandéla ngan hiji 3 metres (10 ft) perenahna di luhur.[rujukan?]
Urang India anu dipenjara di dieu nyebutkeun pulo jeung penjarana salaku Kala Pani ("Cai hideung");[23] hiji film taun 1996 anu pamandanganna di ieu pulo nyokot istilah éta salaku judulna, Kaalapani.[24] Jumlah tahanan anu tilar dunya di ieu kamp disawang bisa nepika rébuan lobana.[25] Kalolobaan anu tilardunya alatan pagawéan anu kacida beurat sarta kasarna laku lampah ka sakumna tahanan.[26]
Penjara Rantai Viper di Kapuloan Viper ditujukeun pikeun tahanan anu kacida ngabahayakeun jeung ogé mangrupakeun tempat ngalaksanakeun hukuman gantung. Dina abad ka 20, éta jadi tempat anu merenah pikeun imah sakumna anggota anu kakoncara tina gerakan gerakan kamerdikaan India.[27][28][29]
Kapuloan Andaman sareng Nikobar éta dijajah ku Jepang salila Perang dunya II.[30] Kapuloan anu sacara nominally nempatkeun dina otoritas ti Arzi Hukumat-e-Azad Hind (Pamaréntah Samentara Kamerdékaan India) dipingpin ku Subhas Chandra Bose, anu ngadatangan kapuloan nalika perang, sarta diganti ngaranna jadi Shaheed (Martyr) & Swaraj (Self-rule). Dina 30 Désémber 1943, dina mangsa penjajahan Jepang, Bose, anu sekutu jeung Jepang, pangheulana ngangkat bandéra kamerdikaan India. Umum Loganathan, ti Indian National Army, nyaéta Gubernur Kapuloan Andaman sareng Nikobar, anu parantos dianéksasi ku Pamaréntah Samentara. Numutkeun Werner Gruhl: "Méméh ninggalkeun kapuloan, urang Jepang mengumpulkan jeung ngaéksékusi 750 jalma teu boga salah Japanese war crimes."[31]
Nalika Perang Dunya II eureunna, pamaréntah Britania ngumumkeun niat na pikeun nutup pakampungan penal. Pamaréntah boga pamikiran pikeun ngusulkeun ngamangpaatkeun tanaga urut narapidana pikeun ngembangkeun usaha perikanan di ieu pulo, kai, jeung sumberdaya tatanén. Salaku gantina, narapidana ieu baris dibéré izin pikeun balik deui ka daratan India, atawa hak pikeun netep di kapuloan. J H Williams, salah sahiji pajabat senior Pausahaan Bombay Burma, dikirim pikeun ngalaksanakeun panalungtikan kai di ieu pulo-pulo kalayan nggagunakeun tanaga ti urut narapidana. Anjeunna ngarékam papanggihan na jeung The Spotted Deer (diterbitkeun dina 1957 ku Rupert Hart-Davis).
Koloni penal ahirna ditutup dina 15 Agustus 1947 nalika India meunang kamerdékaan dina taun 1947. Ti saprak éta, tempat ieu dimangpaatkeun salaku museum independence movement.[32]
Kalolobaan Kapuloan Andaman jadi bagian tina Républik India dina taun 1950 sarta dinyatakeun salaku hiji union territory ti nagara dina taun 1956, sedengkeun Pulo Preparis sarta Pulo Coco janten bagian tina Yangon Region ti Myanmar dina taun 1948.[33]
Dina bulan April 1998, fotografer Amérika John S. Callahan ngayakeun kagiatan selancar anu munggaran di kapuloan andaman, mimiti ti Phuket di Thailand jeung the assistance of Southeast Asia Liveaboards (SEAL), parusahaan anu nyéwakeun parabot teuleum milik Inggris.[rujukan?] Kalawan patugas selancar profésional internasional, aranjeunna meuntas Laut Andaman dina parahu pelesir Crescentjeung ngaliwatan pamaliksaan resmi di Port Blair. Rombongan nuluykeun ka kapuloan Andaman anu laleutik, di mana maranéhna salila sapuluh poé ulin selancar di sababaraha tempat di éta kapuloan pikeun anu munggaran, kaasup Jarawa Point deukeut Hut Bay jeung long right reef point di tungtung kidul-kulon pulo, ngarana Kumari Point. Artikel anu dihasilkeun dina Surfer Magazine, "Quest for Fire" ku wartawan Sam George, nempatkeun kapuloan Andaman dina peta selancar pikeun waktu anu munggaran.[34] Rékaman ombak Kapuloan Andaman oge katempo dijero film Thicker than Water, dirékam ku anu produksi documentary film tayalian Jack Johnson.[rujukan?] Callahan kadieunakeun nuluykeun nyieun sababaraha proyék selancar lianna di Kapuloan Andaman, kaasup lalampahan ka Kapuloan Nikobar di taun 1999.[rujukan?]
In November 2018, John Allen Chau, an American missionary, traveled illegally with the help of local fishermen to the North Sentinel Island off the Andaman Islands chain group on several occasions, despite a travel ban to the island. He is reported to have been killed.[35] Despite some relaxation introduced earlier in 2018 to the stringent visit permit system for the islands, North Sentinel Island was still highly protected from outside contact. Special permission to allow researchers and anthropologists to visit could be sought.[36] Chau had no special clearance and knew that his visit was illegal.[36][35]
Sanajan sistim katangtuan asup ka pulo-pulo di Andaman ieu kiwari geus teupati hésé kawas saméméhna, kalawan warga nagara salian-India henteu kudu maké ngantongan ijin pikeun asup ka polo-pulo ieu anu tadina Restricted Area Permit (RAP), sémahna asing tetep kedah nunjukkeun pasporna di Imigrasi di Bandara Port Blair sareng Pelabuhan pikeun divérifikasi. Warga Afganistan, Cina jeung Pakistan, atawa warga nagara asing séjénna anu asalna salah sahiji nagara ieu, Citakan:Em masih diperlukeun pikeun ménta RAP pikeun nganjang Kapuloan Andaman jeung Nicobar. Nya kitu deui, warga ti Myanmar anu hoyong nganjang Mayabunder atawa Diglipurogé kedah ngajukeun lamaran ka RAP. Dina kasus ieu, idin kudu tos disatujuan saméméh datangna di Port Blair.[37]
Nalika 26 Désémber 2004, basisir Kapuloan Andaman ancur ku kajadian tsunami anu jangkungna 10-metre-high (33 ft) datang ti Samudra Hindia, saméméhna mangrupa lini pangpanjangna anu kungsi kacatet, lumangsung salila 500 nepika 600 detik.[38] Kabiasaan kuat mepelingan kucara cumarita/lisan di lingkungan pangeusi pulo-pulo di daérah ieu ngeunaan pentingna geuwat nyingkah ka gunung jeung ngajauhan basisir sabada ayana lini ieu jadi hiji kayakinan loba jiwa anu salamet tina ieu kajadian.[39]Sabada ieu kajadian, leuwih ti 2,000 jalma tilar dunya sarta leuwih ti 4,000 barudak kaleungitan kolot jeung kulawargana. Sarta teu kurang ti 40,000 kaleungitan imah anu antukna samentara kapaksa nyaricingan heula kémah pangungsian.[40] Nalika tanggal 11 Agustus 2009, aya lini anu kakuatanna 7 skala Richter perenahna di kapuloan Andaman, anu ngabalukarkeun peringatan tsunami dibewarakeun. Kitu deui dina tanggal 30 Maret 2010, aya deui lini anu kakuatanna 6,9 skala Richter puseurna ogé deukeut jeung kapuloan Andaman.
Kapuloan Andaman mangrupakeun tutugan sagara ti kapuloan Burma [[Arakan Yoma range]] di kalér jeung ti kapuloan Indonésia di kidul. Ieu mibanda 325 pulo anu legana 6,408 km2 (2,474 sq mi),[41] kalayan Laut Andaman ka wétan aya pulo-pulo jeung basisir Burma.[15] Pulo Andaman Kalér téh 285 kilometres (177 mi) kiduleun Burma, sanajan sababaraha pulo Burma leutik leuwih deukeut, kaasup tilu Kapuloan Coco.
Ten Degree Channel nyaéta Sapuluh Darajat mangrupakeun saluran anu misahkeun Kapuloan Andaman jeung Kapuloan Nikobar perenahna di Teluk Benggala. Andamans ti Kapuloan Nikobar ka kidul. Titik pangluhurna aya di Pulo Andaman Kalér (Saddle Peak) di 732 m (2,402 ft)).[41]:33
Géologi kapuloan Andaman dasarna diwangun ku Jurasik ahir ka Eosen Awal ofiolit jeung batuan sédimen (argillaceous jeung ganggang apu), robah wujudna ku lobana ngerelep/faults jeung kasurungkeun/thrust kalawan ultramafic igneous intrusions.[42] Sahenteuna aya 11 gunung anu ngaluarkeun leutak/mud volcano di ieu kapuloan.[42] Aya dua pulo vulkanik, kapuloan Narcondam jeung Barren Island, nu geus dihasilkeun basalt jeung andesite. Kapuloan Barren mangrupa hiji-hijina gunung seuneuan anu masihkénéh hirup di anak benua Indiajeung bitu panganyarna dilaporkeun dina Désémber 2022, ngarah kana poténsi pikeun geotourism.[43][44]
Iklim anu has pulo-pulo tropis kalawan gurat lintang anu sarua. Salawasna haneut, kalawan angin laut anu tarik. Hujan turun henteu tangtu, ilaharna garing nalika angin muson kalér-wétan, Sarta kacida baseuh nalika muson kidul-kulon.[45]
Palabuhan Andaman Tengah lolobana beueus leuweung anu daunna ngarangrangan (gugur). Ari Andaman Kalérmah mibanda leuweung anu héjo sapanjang taun, sarta dipinuhan ku tatangkalan anu ngarambat kana éta tatangkalan.[rujukan?]
Végétasi alami Andaman tayalian leuweung tropis, kalawan tangkal babakoan ngampar di sisi basisir. Leuweung hujan tropis di dieu mibanda komposisi anu mirip jeung leuweung hujan tropis di basisir kulon Burma. Sabagian gedé leuweungna hejo sapanjang taun, tapi aya ogé wewengkon anu leuweungna ngaragrangan (gugur) di Andaman Kalér, Andaman Tengah, Baratang anu mangrupakeun bagian ti Pulo Andaman Kidul. Leuweung Andaman Kidul mah loba pisan tutuwuhan anu napel ka tutuwuhan séjén epiphytic, lolobana pakis jeung anggrek.
Di dieu Leuweung Andaman téh sabagian gedé masih kénéh weuteuh tur alami, sanajan aya leuweung anu ditaluaran alatan dipikabutuh tisaprak loba imigrasi ti wilayah daratan India, Andaman Leutik, Narcondam, Andaman kalér jaung Andaman kidul. Tapi, maksudna tina proyék téh pikeun ngalestarikeun basisir jeung sato-sato laut, lain pikeun ngababad leuweung hujan.[46]Di Pulo Interview jeung Andaman Kalér Ancaman pikeun sato-sato liar datang ti spésiés anu dipikawanoh kaasup beurit, anjing, ucing jeung gajah.
Para élmuwan manggihan spésies anyar ganggang héjau di kapuloan Andaman, ngarana Acetabularia jalakanyakae. "Jalakanyaka" mangrupa kecap Sanskerta anu hartina "putri duyung".[47]
Leuweung Andaman mibanda 200 malahan leuwih spésiés tangkal anu ngahasilkeun kai, aya kurang leuwih 30 jinis dianggap mibanda harga anu mahal. Spésiés kai komérsial utama tayalian Gurjan (Dipterocarpus spp.) jeung Padauk (Pterocarpus dalbergioides). Kai hias dihandap ieu dipiwanoh alatan wangun tina urat kai anu hadé:
Kai Padauk leuwih kuat tibatan kai jati sarta loba dimangpaatkeun pikeun nyiun parabot imah/furniture.
Aya wujud kai kayu cucuk jeung akar penopang di Padauk Andaman. Potongan panggédena anu kungsi dipikanyaho ti leuweun andaman tayalian méja makan anu ukuranna 13 ft × 7 ft (4.0 m × 2.1 m). Potongan kai cucuk anu dijieun méja makan ieu bisa dipaké ku dalapan urang.
Tangkal Rudraksha (Elaeocarps sphaericus) jeung tangkal damar Dhoop anu kaangseu seungit/aromatik ogé kapanggih hirup didieu.[48]
Kapuloan Andaman téh imah pikeun sajumlah sato, loba diantarana sato éndemik. Kapuloan Andaman jeung Nikobar téh imah pikeun 10% ti sakabéh spésiés sasatoan India.[49] Kapuloan ieu legana ngan 0,25% tina lega géografis ieu nagara, tapi mibanda 11.009 spésiés, numutkeun hiji publikasi ti Survei Zoologi India.[49]
Mamalia éndemik pulo ieu antarana:
Céléng (Sus scrofa vittatus), ogé dipiwanoh salaku babi leuweung Andaman ogé kungsi dianggap salaku subspésiés éndemik,[50] ditangtayungan ku Undang-Undang Perlindungan Satwa Liar taun 1972 (Sch I). aya ogé peucang, uncal (Axis axis), mencek (Muntiacus muntjak) ogé uncal (Rusa unicolor) maranéhna katempi hirup di ieu kapuloan.
Pulo Interview (suaka margasatwa pang gedéna di wewengkon ieu) perenahna di Andaman Tengah loba kapanggih hirup monyét liar gajah, anu dibawa ku pagswé pausahaan nalika ngabukbak leuweung sarta dileupaskeun didieu alatan pausahaanna tutup. Populasi ieu geus jadi subjék pikeun panalungtikan.
Manuk éndemik atawa ampir éndemik di antawisna:
Pulo anu mibanda guha anu loba, saperti anu aya di Chalis Ek tayalian tempat nyayang pikeun rupa-rupa manuk anu bisa diarah sayangna swiftlet, sayangna dihargaan mahal pisan di Tiongkok salaku bahan nyieun sop /bird's nest soup.[52]
Kapuloan ieu ogé mibanda sajumlah spésiés réptil éndemik, bangkong jeung bancét, aya ogé kobra Andaman (Naja sagittifera), oray krait Andaman Kidul/kawas iray welang (Bungarus andamanensis) jeung bayawak cai Andaman (Varanus salvator andamanensis).
Aya tempat panyalindungan 72 km (45 mi) ti kapuloan Havelock pikeun buaya cai laut. Salila 25 taun katukang geus aya kana 24 kali serangan anu dilancarkeun ku buaya kalawan aya 4 anu geus jadi korbanna, kaasup maotna turis Amérika Lauren Failla. Ku ieu kajadian pameréntah dikritik alatan gagal méré nyaho wisatawan ngeunaan tempat garawatan buaya jeung bahayana. sakaligus ngapromosikeun pariwisata.[53]
Buaya henteu ngan kapanggih di jero suaka margasatwa, tapi ogé di sakabéh kantétan pulo kalayan kapadatan anu rupa-rupa. Habitat maranéhanana teu loba, matakna populasina stabil tapi henteu loba. Populasina kapanggih di sakabéh habitat babakoan anu sayagi di sakabeh pulo gedé, kaasup sababaraha anak susukan di Havelock. Spésiés ieu ngagunakeun laut salaku sarana transportasi tiap susukan jeung muara anu béda, matakna maranéhanana henteu ilahar katempo di tengah laut. Sabalikna ulah ngojay di deukeut daérah babakoan atara muara susukan; ngojay di tengah laut kuduna leuwih aman, tapi sabalikna kudu aya anu nalingakeun di tempat sabudeureun.
, the population of the Andaman was 343,125,[54] Sanggeus tumuwuh tina 50.000 taun 1960. Seuseueurna populasi asalna ti imigran anu datang ka pulo saprak jaman kolonial, utamana urang Bengali, Hindustan, Telugu , Tamil backgrounds.[55]
Hiji étnis Andaman anu saeutik jumlahna tayalian urang aboriginal inhabitants (adivasi) di ieu pulo. Nalika maranéhna munggaran muka diri ka jalmi diluar taun 1850-an ti harita ngeureuyeuh ngawangun hubungan, kurang leuwih aya kana 7.000 jalmi, diantawisna Andaman Besar, Jarawa, Jangil (atawa Rutland Jarawa), Onge, jeung Sentinelese. Andaman gedé diwangun ku 10 étnis anu anggotana aya 5.000 jalma. Dibarung ku ngaronjatna pangeusi di daratan utama (anu mimitina sabagian gedé urut tahanan sarta buruh kontrak anu henteu sukarela, kadieunakeun ngahaja digawékeun sangkan mantuan patani), Andaman kungsi ngalaman ngurangan populasi alatan kaserang ku panyakit anu népa datangna ti luar, parebut taneuh ku anu nyaricingan, jeung pacogrégan. [3]
Kapuloan Andaman téh imah pikeun bangsa Sentinelese , étnis anu tacan kungsi ka saba ku jalma luar.[56]
Alatan pulo maranéhna anu hésé kasaba, masarakat Andaman sabagéan gedé byingkahan ayana hubungan jeung jalma luar. Basa maranéhna mangrupakeun gambaran gedé tina ieu hal, linguistik maranéhna béda tur mibanda ciri-ciri morfologi anu kuat – kecap dasar, mimiti, panungtung– tur saeutik pisan mibanda hubungan jeung jalma luar sarta géografis disabudeureuna .[57]
Nincak akhir abad ke-20 diperkirakeung anu nyesa tinggal 400–450 étnis Andaman di éta pulo, sarta ngan 50 anu masih keneh maké basa Jangil geus tumpur. sabagian gedé étnis Andaman gedé geus tumpur, anu masih kénéh hirup kiwari, kurang leuwih 52, sawaréhna ngaromong maké bahasa Hindi.[58] Etnis Onge ngurangan kiwari nepika nyesa kurang ti 100 jalma. Ngan étnis Jarawa jeung Sentinel anu masih kénéh hirup pengkuh dina kamandirianna sarta nolak tina sabagian gedé usaha pikeun muka hubungan; jumlahna teu pasti tapi kawasna ngan sababaratus urang.[48]
Basa-basa asli sakumna disebut salaku basa Andaman, nanging ti kitu aranjeuna ieu diwangun ku dua kulawarga anu henteu sarua, sarta aya lusinan basa basa-basa asli secara anu kiwari geus tumpur atawa ampir tumpur.
Sabagian gedé masarakat suku di Kapulauan Andaman jeung Nikobar ngagem kayakinan anu tiasa disebat salaku animisme monoteistik. Masarakan di pulo-pulo ieu percaya yén Puluga nyaéta hiji-hijina déwa anu tanggungjawab kana sagala rupa anu kajadian di luhureun dunya.[59] Kapercayaan urang Andaman sarta diwariskeun katurunana yén Paluga cicingna di Saddle Peak Kapuloan Andaman jeung Nikobar. Jalma-jalma di pulo ieu sabisa-bisa nyingkahan naon wae lampah anu matak henteu pikaresepeun Paluga. Jalma-jalma anu ngagem kana ieu kapercayaan bakal nyurup hiji jiwa, jurig, jeung roh. maranehna ogé kacida percayana kana kajadian dina ngimpi. Nya tina ngimpi ieu manranéhna nangtukeun hirup rék kamana jeung kumaha.[60]
Mitologi Andaman nyebatkeun cenah manusa lalaki asalan bijil tina beulah awi, sedengkeun anu awéwéna dijieun tina taneuh liat (tela).[61] Salah sahiji carita anu kapanggih ku Alfred Reginald Radcliffe-Brown nyebutkeun cenah, manusa anu pangheulana tilar dunya éta mangkat ka surga, dunya anu matak pikabetaheun, nanging ieu kabetah jeung ka bungah téh sirna ku alatan ngalanggah hiji pantangan, hususna nuang sayuran anu dicarang pikeun di tuang.[62] Antukna ditarajang ku bala bencana, tisaprak harita pangesi anu hirup jadi leuwih padet sarta henteu pengkuh kana aturan Puluga. Ku alatan kitu, nya datang Banjir gedé anu ngabalukarkeun tinggal opatan anu salamet, tapi kaleungitan seuneu maranéhna.[63][64]
Kayakinan sejen anu diagem di kapuloan Andaman jeung Nikobar tayalian, dumasar kan lobana anu muhit, Hindu, Kristen, Islam, Sikhism, Buddha, Jainism and Baháʼí Faith.[65][66]
Port Blair tayalian komunitas anu utama di pulo-pulo ieu, jeung jadi puseur administrasi wewengkon persatuan. Kapuloan Andaman diwangun ku hiji distrik administratif di jero wewengkon Persatuan, district Andaman (Kapuloan Nikobar dipisahkeun sarta ditetepkeun salaku distrik Nikobar geus dipisahkeun tisaprak taun 1974).
Hiji-hijina bandara komérsial nyaéta Veer Savarkar International Airport di Port Blair, nu geus dijadwalkeun jasa pikeun Kolkata, Chennai, New Delhi, Bengaluru, Hyderabad jeung Visakhapatnam. Bandara ini aya dina pang riksa Angkatan Laut India. Saméméh taun 2016 ngan meunang operasi tibeurang wungkul; Ngan, tisaprak 2016 peuting ogé geus diijinan .[67] Aya hiji lapangan udara leutik, kurang leuwih panjangna 1,000 metres (3,300 ft), perenahna di deukeut basisir wétan Andaman kalér deukeut dekat Diglipur.
Alatan panjangna rute jeung saeutikna jumlah maskapai anu hiber ka pulo-pulo éta, harga tikét pesawat sacara historis kawilang mahal, sanajan leuwih murah pikeun warga lokal tibatan sémah anu datang. Harga tikét pesawat mahal salila usum puncak usum semi jeung usum tiris, sanajan harga tikét pesawat geus ngurangan hargana bareng jeung waktu anu sarua ngalegaanna industri penerbangan sipil di India. Penerbangan pribadi ogé diizinkeun eunteup di ieu bandara Port Blair kalawan kudu ménta ijin heula saméméhna.
Aya ogé jasa kapal ti Chennai, Visakhapatnam sareng Kolkata. Perjalanan butuh tilu dinten dua wengi, sareng gumantung kana cuaca.
Citakan:Perbaikan bagian Pulo-pulo ieu sacara husus diguar sajereun misteri Sherlock Holmes taun 1890 hasil ti Arthur Conan Doyle.[68][69] Hakim di Lady Gregory Drama Menyebarkan Berita saméméhna dipidangkeun di kapuloan ieu.[70]
M. M. Kaye 1985 novel Death in the Andamans[71] ogé Marianne Wiggins' 1989 novel John Dollar disetél di ieu kapuloan.[72] Anu pandeuri dimimitian ku ékspedisi ti Burma pikeun ngareuah-reuah tepung taun Raja George, tapi robah jadi hiji carita hirup kumaha sangkan bisa tetep hirup sabada ditarajang Lini jeung Tsunami.
Priyadarshan 1996 film Kaalapani (Malayalam; Sirai Chaalai di Tamil) ngagambarkeun perjuangan kabebasan India jeung kahirupan tahanan di Cellular Jail di Port Blair.[73]
Island's End nyaéta hiji novel taun 2011 ti Padma Venkatraman ngeunaan latihan dukun pribumi. Tokoh utama dina ieu novel Six Suspects ku Vikas Swarup asalna ti Kapuloan Andaman. The Last Wave (2014) ku Pankaj Sekhsaria ogé nyaritakeun ieu kapuloan. Brodie Moncur, Protagonis utama ti William Boyd's taun 2018 dina novel Love is Blind, nyéépkeun waktos di Kapuloan Andaman dina taun-taun awal abad ka-20. Kapuloan Andaman dina période saméméhna, salila jeung ngan sanggeus Perang Dunya Kadua nyaéta setting pikeun Uzma Aslan Khan 'The Miraculous True History of Nomi Ali'. Taun 2023, kapuloan Andaman dipidangkeun dina séri netflix anu dingaranan Kaala Paani dumasar kana wabah panyakit fiksi dina taun 2027..[rujukan?]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.