Kabupatén Jepara
kabupatèn di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kabupatén Jepara, nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana nyaéta Jepara. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kulon jeung kalér, Kabupatén Pati jeung Kabupatén Kudus di beulah wétan, sarta Kabupatén Demak di beulah kidul. Wilayah Kabupatén Jepara ogé ngawengku Kapuloan Karimunjawa nu aya di Laut Jawa.
Fakta Singget
![]() | |
Motto | Trus Karyo Tataning Bumi (tina Basa Jawa nu hartina "Terus makarya ngawangun daerah") |
Propinsi | Jawa Tengah |
Ibukota | Jepara |
Lega Wilayah | 1.004,16 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 1.037.000 (2003) 1.033 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 14 - |
Dasar hukum | UU No. 13/1950 |
Tanggal | - |
Bupati | Hendro Martoyo (2001-...) |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0291 (daratan), 0297 (Karimunjawa) |
DAU | Rp. 276.946.000.000 |
Ramatloka: http://www.jepara.go.id |
Tutup
Jepara kasohor minangka kota ukiran, sabab di Jepara aya séntra karajinan ukiran kayu nu geus kawentar nepi ka mancanagara. Puseur karajinan ieu aya di Kacamatan Tahunan jeung Jepara. Lian ti éta, Jepara ogé mangrupa kota kalahiran pahlawan wanoja Indonésia R.A. Kartini.