kabupatèn di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia
Kabupatén Magelang nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibu kotana nyaéta Mungkid. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Temanggung di béh kalér, Kabupatén Semarang jeung Kabupatén Boyolali di beulah wétan, Daérah Istimvwa Yogyakarta di beulah kidul, sarta Kabupatén Wonosobo jeung Kabupatén Purworejo di beulah kulon.
Motto | - |
Propinsi | Jawa Tengah |
Ibukota | Mungkid |
Lega Wilayah | 1.085,73 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 1.144.000 (2003) 1.054 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 21 - |
Dasar hukum | UU No. 13/1950 |
Tanggal | - |
Bupati | - |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0293 |
DAU | Rp. 329.065.000.000 |
Ramatloka: - |
Candi Borobudur, hiji mahakarya paninggalan Dinasti Sailéndra nu ayeuna jadi kareueus Indonésia, aya di wilayah Kabupatén Magelang.
Magelang aya di léngkob sajumlah pagunungan. Beulah wétan (wawatesan jeung Kabupatén Boyolali aya Gunung Merbabu (3.141 méter) jeung Gunung Merapi (2.911 m). Beulah kulon (wawatesan jeung Kabupatén Temanggung sarta Kabupatén Wonosobo) aya Gunung Sumbing (3.371 m). Di beulah kulon kidul aya Bukit Menoréh. Di beulah tengah ngalir Kali Progo sarta anak walungannana nuju ka kidul.
Kabupatén Magelang kawengku ku 21 kacamatan, nu kabagi deui kana sajumlah désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahan aya di Kacamatan Magelang.
Magelang aya di jalur stratégis nu ngahubungkeun dua ibu kota propinsi: Semarang - Yogyakarta. Mungkid, ibu kota kabupatén ieu, aya kurang leuwih 10 km kiduleun Kota Magelang. Mungkid baheulana mangrupa kota kacamatan nu satuluyna dikembangkeun jadi ibu kota anyar kabupatén ieu, ngagantikeun Kota Magelang. Secang mangrupa pasimpangan jalan nagara Semarang-Yogyakarta jeung jalan propinsi nu nuju ka Banyumas.
Magelang baheulana diliwatan ku jalur kareta api nu ngahubungkeun Semarang-Yogyakarta, malahan mangrupa salah sahiji jalur kareta api pangkahotna di Indonésia. Tapi ti saprak bituna Gunung Merapi, jalur ieu ruksak tur teu dipigunakeun deui.
|
|
---|---|
Kabupaten:
Banjarnegara |
Banyumas |
Batang |
Blora |
Boyolali |
Brebes |
Cilacap |
Demak |
Grobogan |
Jepara |
Karanganyar |
Kebumén |
Kendal |
Klatén |
Kudus |
Magelang |
Pati |
Pekalongan |
Pemalang |
Purbalingga |
Purworejo |
Rembang |
Semarang |
Sragén |
Sukoharjo |
Tegal |
Temanggung |
Wonogiri |
Wonosobo | |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.