Indung leungeun
From Wikipedia, the free encyclopedia
Indung leungeun (basa Hormat: indung panangan atawa jempol) nyaéta salah sahiji ramo dina leungeun. Indung leungeun béda tina opat ramo anu séjénna ku sabab arahna ogé béda tur mibanda buku ramo anu leuwih saeutik jeung leuwih pondok. Indung leungeun bisa dipeletékkeun ka béh jero atawa ka arah ramo anu séjénna, jeung bisa digunakeun pikeun nyekelan hiji benda kalawan diteken ka béh jero atawa ka bagéan leungeun jeung ramo anu séjénna.