Daratan Asia Kidul Wétan
Sumananjung badag Indochina / From Wikipedia, the free encyclopedia
Daratan Asia Kidul Wétan (atawa Sumananjung Indochina) mangrupa salah sahiji bagéan tina buana Asia Kidul Wétan. Perenahna aya di wétaneun buana India jeung kiduleun Cina sarta wawatesan jeung Samudera Hindia di beulah kulon jeung Samudera Pasipik di beulah wétan. Nagara-Nagara anu kaasup kana Sumananjung ieu diantarana nyaéta Kamboja, Laos, Myanmar (Burma), Sumananjung Malaysia, Thailand jeung Vietnam.
Daratan Asia Kidul Wétan ᮓᮛᮒᮔ᮪ ᮃᮞᮤᮃ ᮊᮤᮓᮥᮜ᮪ ᮦᮝᮒᮔ᮪ ឧបទ្វីបឥណ្ឌូចិន (Basa Khmer) ອິນດູຈີນ (Basa Laos) အရှေ့တောင်အာရှ ကျွန်းဆွယ်ဒေသ (Basa Burma) อินโดจีน (Basa Thai) Đông Nam Á đất liền (Basa Viétnam) Sumananjung Indochina Indochina | |
---|---|
Luhur : Peta Topografis Daratan Asia Kidul Wétan Handap : ██ Indochina sacara spésipik (Indochina Prancis) ██ Sakabéh Indochina | |
Koordinat: 14°N 102°E | |
Nagara nu kaasup | Kamboja Laos Myanmar (Burma) Thailand Viétnam |
Lega | |
• Total | 2.151.688 km2 (830,771 sq mi) |
Pangeusi | |
• Total | 269,700,000 jelema |
Zona wanci | UTC +7 (Indochina Time disingget ICT) |
Istilah Indochina (asalna Indo-Cina) diciptakeun di mimiti abad ka-19. Anu hartina yén daérah ieu loba narima pangaruh budaya ti paadaban India jeung paadaban Cina. Istilah ieu tuluy dipaké pikeun ngaranan wewengkon jajahan Prancis Indochina (Kiwari dipikawanoh minangka Kamboja, Vietnam, jeung Laos).
Cindekna, aya 2 jéntréan ngeunaan Indochina, anu heuruet jeung anu lega:
- Anu heureut; ngan saukur ngawengku nagara-nagara urut Indochina Prancis, nyaéta:
- Anu lega; ngawengku ogé:
Sumananjung Malaysia kadang diasupkeun ka wewengkon ieu, tapi wewengkon Sumananjung Malaysia mah leuwih mindeng diasupkeun ka Asia Kidul Wétan Maritim.