![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/0c/Igloo.jpg/640px-Igloo.jpg&w=640&q=50)
Igloo
padumukan anu diwangun tina salju / From Wikipedia, the free encyclopedia
Igloo atawa iglo (basa Inuktitut: iglu / ᐃᒡᓗ, "imah", jamakna: iglooit atawa igluit) nyaéta imah atawa tempat tinggal samentara, wangunna kubah jeung diwangun tina balok-balok salju. Sanajan igloo identik jeung tempat cicing urang Inuit, igloo loba ogé diwangun ku urang Kanada nu nganjrek di Arktik Tengah jeung wewengkon Thule di Greenland. Salju ogé digunakeun sawareh urang Inuit keur ngalapisan imah nu diwangun tina tulang lauk paus jeung kulit sato. Salju cocok digunakeun minangka insulator (bahan panghalang) tina suhu tiis. Suhu rohangan di sajeroeun igloo jauh leuwih haneut, tur ngamungkinkeun manusa pikeun hirup sanajan hawa di luar bisa nepikeun ka -46 °C oge.
- Pikeun Igloo nu mangrupa program antarbeungeut basis data CDS/ISIS jeung WinISIS, tempo Igloo (program).
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/0c/Igloo.jpg/640px-Igloo.jpg)