![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b0/Copyright.svg/langsu-640px-Copyright.svg.png&w=640&q=50)
Hak cipta
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hak cipta (lambang internasional: ©, Unicode: U+00A9) mangrupa hak éksklusif Panyipta atawa Panyekel Hak Cipta pikeun ngatur pamakéan hasil ébréhan gagasan atawa informasi tinangtu. Dadaasarna mah, hak cipta téh mangrupa "hak pikeun néplak hiji ciptaan". Hak cipta bisa ogé ngamumkinkeun panyekel éta hak pikeun ngawatesan panggandaan teu sah kana hiji ciptaan. Umumna mah ogé, hak cipta mibanda masa lumaku tinangtu nu kawates.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b0/Copyright.svg/150px-Copyright.svg.png)
Hak cipta lumaku dina rupa-rupa jenis karya seni atawa karya cipta atawa "ciptaan". Éta ciptaan téh bisa ngawengku puisi, drama, sarta karya tinulislianna, pilem, karya-karya koréografis (tari, balét, jeung sajabana), komposisi musik, rékaman swara, lukisan, gambar, patung, poto, pakakas lemes komputer, siaran radio jeung televisi, jeung (dina yurisdiksi tinangtu) desain industri.
Hak cipta mangrupa salah sahiji jenis hak kabeungharan inteléktual, ngan hak cipta mah béda pisan katarana tinimbang hak kabeungharan inteléktual lianna (kayaning patén, nu méré hak monopoli kana pamakéan invénsi), lantaran hak cipta lain mangrupa mangrupa hak monopoli pikeun milampah hiji hal, tapina hak pikeun nyegah jalma lian nu ngalakukeun kitu.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b0/Sheep_Letter%2C_p_1.jpg/640px-Sheep_Letter%2C_p_1.jpg)
Hukum nu ngatur hak cipta biasana mah ngan ngawengku ciptaan nu mangrupa hiji gagasan anu spésifik jeung teu ngawengku gagasan umum, konsép, fakta, gaya, atawa téhnik nu mumkin kawujud atawa kawakilan dina éta ciptaan. MInangka conto, hak cipta nu patali jeung tokoh kartun Miki Beurit ngalarang pihak nu teu mibanda hak nyumebarkeun téplakan éta kartun atawa nyieun karya nu nurutan éta tokoh beurit tinangtu ciptaan Walt Disney, ngan teu ngalarang panyiptaan atawa karya seni lian ngeunaan tokoh beurit sacara umum.