Dioda
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina éléktronika, dioda nyaéta hiji komponén nu ngahalangan arah gerak pamawa muatan. Prinsip dasarna, dioda ngaliwatkeun arus listrik kana hiji arah, tapi ngahalangan éta arus lamun arahna sabalikna. Ku kituna, dioda bisa dianggep minangka vérsi éléktronikna tina kelép pangecékan. Sirkuit nu ngabutuhkeun aliran arus ngan saarah umumna pasti ngagunakeun hiji atawa leuwih dioda dina rancangan sirkuitna.
Dioda baheula maké kristal "cat's whisker" jeung parangkat solobong vakum (disebut thermionic valves dina basa Inggris). Kiwari lolobana dioda umumna dijieun tina bahan sémikonduktor saperti silikon atawa germanium.