Daptar Pangawasa Inggris
From Wikipedia, the free encyclopedia
Anu mibanda gelar Raja Inggris pangkahijina téh nyaéta Offa ti Mercia, sanajan kakawasaanna teu lila. Dina abad ka-9, Raja Wessex, saurang panaluk Kent jeung Sussex ti Mercia dina taun 825, ngalegaan kakawasaanna ka karajaan-karajaan séjén anu aya di Inggris. Panalukkan Northumbria, Anglia Wétan jeung satengah wewengkon Mercia ku Dénmark ninggalkeun Alfred anu Agung ti Wessex ngan salaku raja Inggris anu mangtahan. Manéhna ngahasil nangtang sarangkayan invasi Dénmark jeung mawa sawaréh sésa ti Mercia di handap kakawasaan Wessex. Daptar raja Inggris ilaharna dimimitian ti Egbert ti Wessex saprak taun 829. Pahijian dina Karajaan Inggris teu kacumponan nepi ka 927, di zaman Athelstan. Karajaan Wales ngahiji jadi Karajaan Inggris di handap Kalanggeran Rhuddlan di 1284 jeung di 1301, budak lalaki Edward I ti Inggris anu pangkolotna, Edward II, dijadikeun minangka Pangéran Wales. Ti saprak éta, kalawan pangiwaltian ti Edward III, putra anu cikal ti kabéh barudak Raja Inggris geus meunangkeun gelar ieu. Sabada pupusna Elizabeth I ti Inggris taun 1603, Karajaan Inggris jeung Skotlandia ngahiji di handap James I jeung VI. Tina proklamasi karajaan, James méré gelar pikeun dirina 'Raja Britania Raya. Inggris ngajalanan politik sarikat jeung Skotlandia di 1707 ngabentuk Karajaan Britania Raya. Ti saprak éta Raja atawa Ratu Inggris téh teu bener, sanajan angger dipaké nepi ka ayeuna. Di taun 1801, Britania Raya kagabung ka Kerajaan Irlandia anu nyampak di handap paaturan Inggris saprak Henry II.