From Wikipedia, the free encyclopedia
Déwan Pangwakil Rahayat Républik Indonésia atawa sakapeung disebut Déwan Pangwakil Rahayat (Basa Indonésia: Dewan Perwakilan Rakyat, disingget DPR-RI atawa DPR) nyaéta lembaga luhur nagara anu kasusun dina sistem tata nagara Indonésia minangka lembaga wawakil rahayat.[1] DPR kasusun ku anggota partéy pulitik anu dipilih langsung tina pemilihan umum.[2]
Déwan Pangwakil Rahayat Dewan Perwakilan Rakyat | |
---|---|
Tipeu | |
Tipeu | Déwan sahandapeun Majlis Pamusawarahan Rahayat |
Wates mangsa | Tanpa wates mangsa (5 taun) |
Pingpinan | |
Juru wicara | Puan Maharani, PDI-P saprak 1 Oktober 2019 |
Struktur | |
Korsi | 560 |
Kelompok pulitik |
|
Pamilihan umum | |
Sistim voting | Perwakilan proporsional sistim terbuka |
Pamilihan terahir | 9 April 2014 |
Tempat rapat | |
Komplék législatif Jakarta, Indonésia | |
Loka raramat | |
www.dpr.go.id |
Dumasar kana fungsina, lembaga anu aya patalina jeung DPR nyaéta DPRD.[2] Anu wilayah gawéna di tingkat provinsi disebut DPRD Propinsi sedengkeun di tingkat kabupatén/kota disebut DPRD Kabupatén/Kota.[2] Ditilik dina UU Pemilu No 10 taun 2008 ditetepkeun yén:
Kaanggotaan DPR diresmikeun ku kaputusan présiden.[2] Sarta dipiharep anggota DPR kudu domisili di puseur dayeuh nagara.[2] Mangsa jabatan DPR nyaéta lima taun sarta dipungkas nalika anggota DPR anu anyar ngucapkeun sumpah/jangji.[2] Saméméh diistrénan, anggota DPR ngucapkeun sumpah/jangji babarengan anu dipingpin ku Ketua Mahkamah Agung dina sidang Paripurna DPR.[2]
Aya tilu fungsi DPR nyaéta: législasi, anggaran jeung pangawasan.[2]
Fungsi législasi nyaéta DPR boga fungsi minangka lembaga anu nyieun undang-undang babarengan jeung présiden.[2]
Fungsi anggaran nyaéta DPR boga fungsi minangka lembaga anu boga hak pikeun netepkeun Anggaran Pendapatan dan Belanja Negara atawa APBN.[2]
Fungsi pangawasan nyaéta DPR boga fungsi minangka lembaga anu ngawas jalanna undang-undang di pamaréntahan.[2]
Iwal ti fungsi, DPR ogé boga hak nyaéta: Hak interpelasi, angkét, jeung menyatakan pendapat.[2]
Hak interpelasi nyaéta hak DPR pikeun ménta katerangan ka pamaréntah ngeunaan kawijakan pamaréntah anu penting jeung penting sarta boga dampak mangpaat pikeun kahirupan masarakat.[2]
Hak angkét nyaéta hak DPR pikeun nalungtik hiji kawijakan pamaréntah anu disawang bakal pagedrug jeung aturan undang-undang.[2]
Hak imunitas nyaéta hak DPR anu disebut kekebalan hukum.[2] Unggal anggota DPR teu bisa ditungtut di hareupeun jeung di luar pengadilan lantaran pernyataan, pertanyaan/sawangan anu diébréhkeun ngaliwatan lisan atawa tulisan dina rapat-rapat DPR, salila teu patukang tonggong jeung aturan tata tertib jeung kode étik.[2]
Hak ngedalkeun pendapat nyaéta hak DPR pikeun ngébréhkeun sawangan kana kawijakan pamaréntah ngeunaan kawijakan luar biasa anu aya di jero nagara sarta ku rékomendasi solusi atawa minangka tindak lanjut jalana hak interpelasi jeung hak angkét.[2] Pikeun ngagampangkeun tugas anggota DPR, dijieun komisi-komisi anu kerjasama jeung pamaréntah minangka mitra gawé.[2]
Di kantor DPR-RI aya 11 komisi, anu unggal komisi mibanda urusan séwang-séwangan. Saperti:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.