![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/bf/Flag_of_Bosnia_and_Herzegovina.svg/langsu-640px-Flag_of_Bosnia_and_Herzegovina.svg.png&w=640&q=50)
Bosnia jeung Hérzégovina
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bosnia jeung Hérzégovina, ogé kawanoh salaku Républik Bosnia jeung Hérzégovina, mangrupa hiji nagara di samenanjung Balkan di Éropa kidul. Legana 51.129 km² (19.741 mil2). Populasina kira-kira opat yuta. Nagara Bosnia dikenal dina basa resmina salaku Bosna i Hercegovina dina hurup Latin jeung Босна и Херцеговина dina hurup Sirilik; tapi tiasana, dipondokkeun kana Bosnia, BiH, atawa БиХ .
Bosna i Hercegovina Босна и Херцеговина |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto — |
||||||
Lagu Intermeco |
||||||
![]() |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Sarajévo | |||||
Basa resmi | Bosnia, Serbia, Kroasia | |||||
Pamaréntah | Démokrasi parleméntér | |||||
- | Présidén Anggota | Denis Bećirović1, Željka Cvijanović, Željko Komšić |
||||
- | Pupuhu Déwan Menteri | Borjana Krišto | ||||
- | Pupuhu Dewan Perwakilan Tinggi | Christian Schmidt | ||||
Kamerdékaan | Ti Balkan | |||||
Aréa | ||||||
- | Total | 51.129 km² (127) mil² |
||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2006 | 3.832.301 (1) | ||||
- | Sénsus 1991 | 4.354.911 | ||||
- | Kapadetan | 78 /km² (90) /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | AS$21,4 miliar (106) | ||||
- | Per kapita | AS$5.504 (101) | ||||
Mata uang | Convertible Mark (BAM ) |
|||||
Zona wanci | (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .ba | |||||
Kode telepon | +387 | |||||
1. Pupuhu Kaprésidénan nu diwangun ti tilu anggota. |
Nagara ieu dicicingan ku tilu kalompok étnik nu utama: Bosnia, Sérbia, jeung Kroasia. Wargi Bosnia umumna diwanohan salaku Bosnians dina basa Inggris tampa nempo naon bangsana. Pamaréntahan nagara ieu dilaksanakeunna mencar jeugng nagara Bosnia sabenerna diwangun ti himpunan dua buah wewengkon, nyaéta, Fédérasi Bosnia jeung Hérzégovina jeung Républik Srpska.
Diwatesan ku Kroasia di kalér, kulon jeung kidul, Sérbia di wétan, jeung Monténégro di kidul, Bosnia jeung Hérzégovina mangrupa hiji nagara nu dikurilingan ku daratan iwal hiji basisir leutik Laut Adriatik-na nu panjangna 20 km museur dina kota Neum. Ibu kota nu ogé kota panggedéna nytaéta Sarajévo.