Cakram Blu-ray
From Wikipedia, the free encyclopedia
Cakram Blu-ray (basa Inggris: Blu-ray Disc) nyaéta hiji format cakram optik nu kacida padetna pikeun nyimpen informasi digital, kaasup video definisi luhur. Dimensina mah sarua jeung DVD atawa CD.
Ngaran Cakram Blu-ray dicokot tina laser biru-ungu (blue-violet) nu dipaké keur maca tur nulis tipe cakram ieu. Alatan panjang gelombang nu leuwih pondok (405 nm), sacara substansial baris leuwih loba data nu bisa disimpen dina hiji Cakram Blu-ray ti batan dina format DVD nu maké laser beureum (650 nm). Cakram Blu-ray salapis bisa nyimpen 25 gigabita (GB), leuwih ti lima kalieun ukuran DVD salapis 4.7 GB. Cakram Blu-ray dua lapis bisa nyimpen 50 GB, ampir genep kalieun ukuran DVD dua lapis nu 8.5 GB.
Blu-ray dimekarkeun ku Blu-ray Disc Association, hiji grup pausahaan-pausahaan maju nu midangkeun elektronika konsumen, hardware komputer, jeung produksi gambar gerak. Standarna kawengku ku sababaraha paten nu dipibanda ku sababaraha pausahaan nu béda. Nepi ka Maret 2007, hiji kasapukan lisensi gabungan keur sakabéh paten nu cocog can bisa direngsekeun.[1] Dumasar kana data tanggal 2 Juli, 2008 leuwih ti 650[2] pilem Cakram Blu-ray geus dirilis sacara komersil di Amerika Sarikat sarta leuwih ti 410[3] judul Cakram Blu-ray dirilis di Jepang.
Salila perang format cakram optis definisi luhur, Blu-ray perang jeung saingannana, HD DVD, pikeun nangtukeun nu mana salah sahiji (lamun henteu duanana) ti antara dua format ieu nu bakal mingpin pasar eusi definisi luhur keur konsumen. Dina tanggal 19 Pebruari, 2008, Toshiba — pausahaan utama nu ngarojong HD DVD — ngembarkeun yén moal neruskeun deui mekarkeun, nyieun jeung masarkeun pamuter jeung pangrekam HD DVD,[4] nu nyababkeun ampir sakabéh nu ngarojong kana HD DVD marilu eureun, su sacara éféktifmungkas perang fomat.