From Wikipedia, the free encyclopedia
Beruk ngabentuk marga Macaca ti monyét Dunya Buhun (Ing. Old World monkeys).
Beruk mangrupa monyét genus primata anu panglobana nyebar, sagigireun manusa, ti Afrika kalér nepi ka Jepang. Kiwari geus aya salapan welas spésiés beruk nu geus dipiwanoh, kaasup monyét geus pisan dipiwanoh ku masarakat awam, kayaning Beruk Résus (Rhesus Macaque, Monyét Résus téa), Macaca mulatta, jeung Beruk Barbari (Barbary Macaque), M. sylvanus, hiji koloni nu hirup di pagunungan Jabal Torik. Najan sababaraha spésiésna teu buntutan, jeung ku sabab kitu sok diaku kera (Ing. ape), bisa dipastikeun yén mémang bener monyét, nu taya patalina jeung kera gedé (Ing. great ape) dina kulawarga Hominidae atawa kera leutik dina kulawarga Hylobatidae.
Sababaraha spésiés beruk geus loba dipaké pikeun panalungtikan médis.
Ahir 1990-an kapanggih yén ampir sakabéh (90%-an) beruk kukutan atawa beunang néwak mawa virus hérpes-B. Virus ieu teu nanaon pikeun beruk, tapi bahya pisan mun népa ka manusa.
Marga Macaca
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Macaca. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.