Faktor Bayes
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina statistik, pamakéan faktor Bayes nyaéta hiji alternatif Bayesian dina tés hipotésa statistik klasik.
Ditangtukeun model pamilihan masalah nu kudu dipilih antara dua modél M1 jeung M2, dumasar kana vektor data x. Faktor Bayes K ditangtukeun ku rumus
Hal ieu siga hiji tes babandingan-likelihood. Sacara ilahar, modél M1 jeung M2 bakal dijadikeun parameter ku parameter vektor jeung
; mangka K bakal ditangtukeun ku rumus
Nilai K > 1 hartina data nembongkeun yén M1 leuwih deukeut tinimbang M2 sarta sabalikna. Harold Jeffreys méré skala keur ngajentrekeun K:
K | Kakuatan kajadian |
---|---|
< 1 | Negatif (ngarojong M2) |
1 nepi 3 | Sedeng |
3 nepi ka 12 | Positif |
12 to 150 | Kuat |
> 150 | Kuat kacida |
Loba ahli statistik Bayes nu ngagunakeun faktor Bayes salaku bagéan dina nangtukeun pilihan, aya ogé nu ngahijikeunna dina ngira-ngira prior probability unggal modél sarta ngahijikeun loss function keur nyieun pilihan nu salah.