Austronésia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Austronesia, dina jihat sajarah, nujul ka lemah cai manusa nu nyarita basa-basa Austronésia, nyaéta basa Malayu, Filipino, Indonésia, Sunda, Jawa, jeung sarébuan basa lianna. Nu jadi lemah cai, ceuk sawatara antropolog, nyaéta wewengkon Yunnan, Cina. Najan kitu, dina terminologi kiwari mah Austronésia téh nujul ka wilayah tempat dipakéna basa-basa Austronésia, nu ngampar ti Madagaskar di beulah kulon, nepi ka Pulo Easter (Polinésia) di beulah wétan. Austronésia salaku wewengkon sacara tradisional kabagi kana opat wilayah: Kapuloan Nusantara, Mikronésia, Mélanésia, jeung Polinesia.
Ngaran Austronésia dicokot tina basa Latin austrālis "pakidulan" jeung Yunani νήσος (nêsos) "pulo".