At Takwir (basa Arab: التّكوير, "Ngagulung") nyaéta surat ka-81 dina al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat Makkiyah, diwangun ku 29 ayat. Dingaranan At Takwir anu hartina ngagulung ti kecap dasar ‘’kuwwirot’’ anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
- Génjlongan-génjlongan anu lumangsung dina poé kiamat
- Dina poé kiamat saban mahluk baris nyaho naon anu geus dipigawéna mangsa di dunya
- Al Qur'an nyaéta firman Alloh anu ditepikeun ngaliwatan perantaraan malaikat Jibril
- Panegasan kana kanabian Muhammad s.a.w.
- Al Qur'an sumber pituduh pikeun umat manusa anu hayangeun hirup lempeng
- Hasilna manusa dina ngahontal kahirupan anu lempeng éta gumantung kana tofiq ti Alloh
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِذَا ٱلشَّمۡسُ كُوِّرَتۡ |
Upama srangéngé geus digulungkeun. |
2. | وَإِذَا ٱلنُّجُومُ ٱنكَدَرَتۡ |
Jeung upama (béntang-béntang) muruluk. |
3. | وَإِذَا ٱلۡجِبَالُ سُيِّرَتۡ |
Jeung upama gunung-gunung dirungkadkeun. |
4. | وَإِذَا ٱلۡعِشَارُ عُطِّلَتۡ |
Jeung upama onta-onta nu keur rareuneuh diarantep. |
5. | وَإِذَا ٱلۡوُحُوشُ حُشِرَتۡ |
Jeung upama sasatoan nu garalak dikumpulkeun. |
6. | وَإِذَا ٱلۡبِحَارُ سُجِّرَتۡ |
Jeung upama laut ngagolak mudal. |
7. | وَإِذَا ٱلنُّفُوسُ زُوِّجَتۡ |
Jeung upama roh geus dihijikeun (jeung ragana). |
8. | وَإِذَا ٱلۡمَوۡءُ ۥدَةُ سُٮِٕلَتۡ |
Jeung upama barudak awéwé anu diruang kérépés dipariksa. |
9. | بِأَىِّ ذَنۢبٍ۬ قُتِلَتۡ |
Ku sabab dosa naon manéhna dipaténi. |
10. | وَإِذَا ٱلصُّحُفُ نُشِرَتۡ |
Jeung upama buku-buku amal dibagikeun. |
11. | وَإِذَا ٱلسَّمَآءُ كُشِطَتۡ |
Jeung upama langit dimusnahkeun. |
12. | وَإِذَا ٱلۡجَحِيمُ سُعِّرَتۡ |
Jeung upama naraka geus dihurungkeun. |
13. | وَإِذَا ٱلۡجَنَّةُ أُزۡلِفَتۡ |
Jeung upama sawarga geus disadiakeun. |
14. | عَلِمَتۡ نَفۡسٌ۬ مَّآ أَحۡضَرَتۡ |
Saban jelema baris nyaho kana (amal) anu geus disadiakeun. |
15. | فَلَآ أُقۡسِمُ بِٱلۡخُنَّسِ |
Ku kituna Kami sumpah demi (béntang-béntang) nu tilem-timbul. |
16. | ٱلۡجَوَارِ ٱلۡكُنَّسِ |
Nu maluter, nu tarilem. |
17. | وَٱلَّيۡلِ إِذَا عَسۡعَسَ |
Jeung (demi) janari nalika méh lastari. |
18. | وَٱلصُّبۡحِ إِذَا تَنَفَّسَ |
Jeung (demi) subuh nalika bray-brayan. |
19. | إِنَّهُ ۥ لَقَوۡلُ رَسُولٍ۬ كَرِيمٍ۬ |
Saéstuna éta téh kasauran utusan nu mulya (Jibril). |
20. | ذِى قُوَّةٍ عِندَ ذِى ٱلۡعَرۡشِ مَكِينٍ۬ |
Nu bogaeun kakuatan ti Alloh nu kagungan a’rasy nu linuhung. |
21. | مُّطَاعٍ۬ ثَمَّ أَمِينٍ۬ |
Nu diturut tur dipercaya. |
22. | وَمَا صَاحِبُكُم بِمَجۡنُونٍ۬ |
Jeung saéstuna sobat maranéh téh lain jelema gélo. |
23. | وَلَقَدۡ رَءَاهُ بِٱلۡأُفُقِ ٱلۡمُبِينِ |
Jeung saenyana manéhna (Muhammad) geus ningali manéhna (Jibril) di luhur kalayan tétéla. |
24. | وَمَا هُوَ عَلَى ٱلۡغَيۡبِ بِضَنِينٍ۬ |
Jeung manéhna lain anu sok dituding bohong dina perkara goib. |
25. | وَمَا هُوَ بِقَوۡلِ شَيۡطَـٰنٍ۬ رَّجِيمٍ۬ |
Jeung ieu Qur’an téh lain omongan sétan anu dila’nat. |
26. | فَأَيۡنَ تَذۡهَبُونَ |
Ku kituna rék ka mana maranéh nya indit? |
27. | إِنۡ هُوَ إِلَّا ذِكۡرٌ۬ لِّلۡعَـٰلَمِينَ |
Ieu Qur’an téh taya lian iwal ti pituduh keur sakumna pangeusi alam. |
28. | لِمَن شَآءَ مِنكُمۡ أَن يَسۡتَقِيمَ |
Nyaéta pikeun sing saha ti antara maranéh anu hayang lempeng lampahna. |
29. | وَمَا تَشَآءُونَ إِلَّآ أَن يَشَآءَ ٱللَّهُ رَبُّ ٱلۡعَـٰلَمِينَ |
Sarta maranéh henteu mikarep naon-naon anging upama dikersakeun ku Alloh, Pangéran Nu Murbeng Alam. |
Wikiwand in your browser!
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.