Surat Asy-syams (basa Arab:الشّمس) nyaéta surat ka-91 dina al Qur'an, diwangun ku 15 ayat, kaasup golongan surat Makkiyah, diturunkeun sanggeus surat Al Qodar. Dingaranan Asy Syams (panonpoé) dicokot tina kecap Asy Syams anu aya dina ayat munggaran surat ieu.

Informasi leuwih jero Asy Syams الشّمس, Informasi ...
Asy Syams
الشّمس
Informasi
Harti Panonpoé
Golongan Makkiyah
Surah ka 91
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 15 ayat
Tutup

Poko-poko eusina

Kaum Tsamud geus diancurkan Alloh alatan kadorakana. Pangéran maparin gambaran yén hal ieu téh gampil pikeun Mantenna, sakumaha gampangna nyiptakeun barang-barang nu aya di alam, beurang jeung peuting, sarta nyiptakeun jiwa anu kasebut dina sumpah-na; Alloh maparin ka manusa jalan katakwaan sarta jalan kakafiran; manusa miboga kabébasan milih ti antara dua jalan éta.

Surat Asy Syams eusina mangrupa dorongan ka manusa pikeun ngabérésihkeun jiwana sangkan meunang kauntungan di dunya jeung di ahérat sarta nganyatakeun yén Alloh baris nimpahkeun azab ka jalma-jalma anu ngotoran jiwana kawas kaum Tsamud.

Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
وَٱلشَّمۡسِ وَضُحَٮٰهَا
Demi srangéngé katut cahayana.
2.
وَٱلۡقَمَرِ إِذَا تَلَٮٰهَا
Jeung bulan nalika nuturkeunana (nyaangan saperti srangéngé).
3.
وَٱلنَّہَارِ إِذَا جَلَّٮٰهَا
Jeung beurang nalika brayna.
4.
وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَٮٰهَا
Jeung peuting nalika reupna.
5.
وَٱلسَّمَآءِ وَمَا بَنَٮٰهَا
Jeung langit katut struktur nu nyusunna.
6.
وَٱلۡأَرۡضِ وَمَا طَحَٮٰهَا
Jeung bumi katut nu ngamparkeunana.
7.
وَنَفۡسٍ۬ وَمَا سَوَّٮٰهَا
Jeung jiwa katut panyiptaanana.
8.
فَأَلۡهَمَهَا فُجُورَهَا وَتَقۡوَٮٰهَا
Tuluy dibejakeun ka manéhna jalan kana kajahatan jeung kana katakwaan.
9.
قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّٮٰهَا
Saéstuna bagja pisan jelema nu nyucikeun jiwana.
10.
وَقَدۡ خَابَ مَن دَسَّٮٰهَا
Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran jiwana.
11.
كَذَّبَتۡ ثَمُودُ بِطَغۡوَٮٰهَآ
(Kaom) Tsamud ingkar ka (rosulna) lantaran maranéhanana ngaliwatan wates.
12.
إِذِ ٱنۢبَعَثَ أَشۡقَٮٰهَا
Nalika jalma nu pangjahatna ti antara maranéhna hudang.
13.
فَقَالَ لَهُمۡ رَسُولُ ٱللَّهِ نَاقَةَ ٱللَّهِ وَسُقۡيَـٰهَا
Pok Rosul Alloh (Nabi Soléh) nyarita ka maranéhna: “Ieu onta Alloh, geura (raksa) ku arandika katut inumeunana.
14.
فَكَذَّبُوهُ فَعَقَرُوهَا فَدَمۡدَمَ عَلَيۡهِمۡ رَبُّهُم بِذَنۢبِهِمۡ فَسَوَّٮٰهَا
Tapi maranéhna ingkar ka Rosulna, sarta éta onta téh ditelasan. Ku kituna Pangéran nibankeeun siksaan ka maranéhna lantaran dosana nepi ka rata binasa.
15.
وَلَا يَخَافُ عُقۡبَـٰهَا
Sedengkeun Anjeunna henteu sieun ku akibat padamelan Mantenna.
Tutup

Hubungan jeung surat Al Lail

Surat Asy Syams ngajelaskeun yén jelema anu nyucikeun jiwana baris meunang kauntungan sarta jelema anu ngotoran jiwana baris diazab ku Alloh, sedangkan surat Al Lail ngajelaskeun gawéna anu nyucikeun jiwa éta sahingga ngahasilkeun kauntungan sarta gawéna anu ngotoran jiwa sahingga ngahasilkeun karugian.

Tumbu ka luar

Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
Al Balad
Surat 91 Surat saparantosna:
Al Lail
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.