Antigén leukosit manusa
From Wikipedia, the free encyclopedia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sistem antigén leukosit manusa (human leukocyte antigen, HLA) nyaéta ngaran lokus-lokus gén anu nyandi kompléx histokompatibilitas mayor (major histocompatibility complex, MHC) di manusa. Super-lokus ieu ngandung loba gén nu tumali jeung fungsi sistem imun manusa. Gorombolan gén ieu ayana di kromosom 6, nyandi protéin panyodor-antigén dina beungeut sél jeung fungsi-fungsi lianna. Gén-gén HLA minangka vérsi manusa gén-gén MHC anu aya di ampir sakabéh vertebrata. Protéin-protéin anu disandi ku gén-gén ieu katelah ogé antigén, dumasar kana asal-usul papanggihanana salaku faktor-faktor dina transplantasi organ. HLA utama téh unsur ésénsial pikeun faktor imun. Kelas anu béda méré fungsi anu béda:
HLA pikeun MHC kelas I (A, B, jeung C) némbongkeun péptida ti jero sél (kaasup péptida ti virus lamun aya). Ieu péptida dihasilkeun tina cernaan protéin di protéasom. Antigén asing ngarangsang sél-T pamaéh (CD8+ atawa sél-T sitotoxik) anu maéhan sél.
HLA pikeun MHC kelas II (DP, DM, DOA, DOB, DQ, jeung DR) nyodorkeun antigén ti luar sél ka limfosit-T. Antigén-antigén ieu ngarangsang ngalobaanana sél T-panulung, anu engkéna bakal ngarangsang sél-B produsén antibodi pikeun ngahasilkeun antibodi anu spésifik. Antigén-diri (self-antigen) diteken ku sél-T suprésor.
HLA pikeun MHC kelas III nyandi komponén sistem komplemén.
HLA boga péran penting dina mérangan sasalad, nolak transplantasi organ, jeung mérangan kangker.[1] Mutasi dina HLA bisa jadi aya patalina jeung sasalad otoimun (conto: diabétes tipe I). HLA ogé dipatalikeun jeung persépsi bau jalma séjén, pamilihan pasangan.[2]
Protéin MHC kelas I ngabentuk reséptor fungsional di ampir sakabéh sél anu intian.
Masing-masing aya tilu gén HLA mayor jeung minor:
Protéin MHC kelas II aya 3 mayor jeung 2 minor. Gén-gén ieu ngabentuk reséptor protéin hétérodimér (αβ) anu husus diéksprésikeun dina beungeut sél panyodor antigén (APC, antigen-presenting cell).
MHC kelas II mayor
Protéin MHC kelas II, DM jeung DO, dipaké nalika mrosés antigén internal, ngamuat péptida antigénik nu dihasilkeun tina patogén ka molekul HLA dina APC.
Lokus MHC kaasup lokus panyandi anu sacara genetik paling loba ragemna di mamalia, kaasup HLA. Ti salapan lokus anu disebut di luhur, dina unggal lokusna bisa boga leuwih ti salosin alél. Genep lokus mibanda leuwih ti saratus alél anu kapanggih di populasi manusa. Ti anu genep ieu, nu pangeuyeubna nyaéta HLA B jeung HLA DRB1.
Jumlah alél varian dina lokus kelas I dumasar kana databasis IMGT-HLA:
Jumlah alél varian dina lokus kelas II (DM, DO, DP, DQ, jeung DR):
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.