Analisis Fourier
From Wikipedia, the free encyclopedia
Analisis Fourier, anu ngaranna nyokot tina ngaran Joseph Fourier anu ngawanohkeun Deret Fourier, nyaéta dékomposisi (pamisahan unsur-unsur) hiji sinyal kana sababaraha unsur panyusunna anu boga wangun fungsi-fungsi sinusoida (anu disebut fungsi dasar) nu masing-masing boga frékuénsi séwang-séwangan. Dina kalimah lain, unggal sinyal bisa ditulis salaku hasil pajumlahan teu kawates tina sinyal-sinyal fungsi sinus jeung kosinus nu miboga rupa-rupa frékuénsi.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/0a/Synthesis_square.gif/320px-Synthesis_square.gif)
Sabalikna, sinyal-sinyal sinusoida kasebut bisa digabungkeun atawa dijumlahkeun nepikeun ka ngahasilkeun sinyal asal. Prosés ngagabungkeun sinyal-sinyal dasar ieu disebutna sintésis Fourier. Dina gambar animasi di gigir bisa dititénan yén pajumlahan 25 sinyal sinusoida geus cukup pikeun ngaharib (ngahasilkeun aproksimasi) sinyal atawa gelombang kotak.
Balik deui kana analisis Fourier, hasil tina dékomposisi, nyaéta satiap amplitudo katut fase sinyal-sinyal sinusoida bisa digambarkeun dina doméin frékuénsi di mana ukuran amplitudona dinyatakeun dina sumbu y sarta frékuénsina dina sumbu x. Panggambaran ieu ngahasilkeun hiji Spéktrum Frékuénsi. Analogi pikeun leuwih ngajelaskeun hal ieu nyaéta sinyal cahaya bodas bisa dipisah-pisah kana sakumpulan spéktrum gelombang cahaya. Analogi lainna nyaéta sinyal sora harmoni (wirahma) musik anu dususun ku sakumpulan not balok musik (komponén-komponén frékuénsi) anu nyusunna.