An Naba (basa Arab: النّبا, "Béja Gedé") nyaéta surat ka-78 dina al Qur'an. Surat ieu kaasup kana surat Makkiyah, diwangun ku 40 ayat. Dingaranan An Naba anu hartina béja gedé di cokot tina kecap an naba´ anu aya dina ayat ka-2 surat ieu. Dingaranan ogé Amma yatasaa aluun dicokot tina kekecapan amma yatasaa aluun anu aya dina ayat ka-1 surat ieu.
Poko-poko eusi
- Ingkarna jalma-jalma musyrik ka ayana poé kiamat sarta anceman Alloh ka sikep maranéhanana éta.
- Kakawasaan-kakawasaan Alloh anu katémbong dina alam minangka bukti ayana poé kiamat.
- Kajadian-kajadian anu lumangsung dina poé kiamat.
- Azab anu ditarima ku jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Alloh sarta kabagjaan anu ditarima jalma-jalma mukmin di poé kiamat.
- Kaduhungna jelema kafir di poé kiamat.
Eusi jeung Tarjamah
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | عَمَّ يَتَسَآءَلُونَ |
Tina perkara naon maranéhna silihtanya? |
2. | عَنِ ٱلنَّبَإِ ٱلۡعَظِيمِ |
Tina perkara béja anu gedé. |
3. | ٱلَّذِى هُمۡ فِيهِ مُخۡتَلِفُونَ |
Béja anu ku maranéhna disawalakeun. |
4. | كَلَّا سَيَعۡلَمُونَ |
Ulah kitu! Engké ogé maranéhna bakal nyarahoeun. |
5. | ثُمَّ كَلَّا سَيَعۡلَمُونَ |
Tuluy, ulah kitu! Engké ogé maranéhna bakal nyarahoeun. |
6. | أَلَمۡ نَجۡعَلِ ٱلۡأَرۡضَ مِهَـٰدً۬ا |
Naha lain Kami geus ngajadikeun ieu bumi lir amparan nu lega? |
7. | وَٱلۡجِبَالَ أَوۡتَادً۬ا |
Jeung gunung-gunung minangka paseukna? |
8. | وَخَلَقۡنَـٰكُمۡ أَزۡوَٲجً۬ا |
Jeung Kami ngayugakeun maranéh sajodo-sajodo. |
9. | وَجَعَلۡنَا نَوۡمَكُمۡ سُبَاتً۬ا |
Jeung Kami ngajadikeun saré maranéh pikeun ngareureuhkeun kacapé. |
10. | وَجَعَلۡنَا ٱلَّيۡلَ لِبَاسً۬ا |
Jeung Kami ngajadikeun peuting minangka pakéan. |
11. | وَجَعَلۡنَا ٱلنَّہَارَ مَعَاشً۬ا |
Jeung Kami ngajadikeun beurang pikeun nyiar pangupa jiwa. |
12. | وَبَنَيۡنَا فَوۡقَكُمۡ سَبۡعً۬ا شِدَادً۬ا |
Jeung Kami geus ngajadikeun luhureun maranéh pirang-pirang planét nu rohaka. |
13. | وَجَعَلۡنَا سِرَاجً۬ا وَهَّاجً۬ا |
Jeung Kami geus ngajadikeun lampu anu kacida caangna (srangéngé). |
14. | وَأَنزَلۡنَا مِنَ ٱلۡمُعۡصِرَٲتِ مَآءً۬ ثَجَّاجً۬ا |
Jeung Kami geus ngucurkeun hujan tina méga nu ngandung cai. |
15. | لِّنُخۡرِجَ بِهِۦ حَبًّ۬ا وَنَبَاتً۬ا |
Pikeun Kami nuwuhkeun sisikian jeung tutuwuhan ku éta cai. |
16. | وَجَنَّـٰتٍ أَلۡفَافًا |
Jeung kebon-kebon anu salubur. |
17. | إِنَّ يَوۡمَ ٱلۡفَصۡلِ كَانَ مِيقَـٰتً۬ا |
Saéstuna poé papastén téh hiji mangsa anu ditangtukeun. |
18. | يَوۡمَ يُنفَخُ فِى ٱلصُّورِ فَتَأۡتُونَ أَفۡوَاجً۬ا |
Dina poéan ditiupna sangkakala, maranéh baris daratang ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. |
19. | وَفُتِحَتِ ٱلسَّمَآءُ فَكَانَتۡ أَبۡوَٲبً۬ا |
Jeung langit bakal dibuka jadi sababaraha lawang. |
20. | وَسُيِّرَتِ ٱلۡجِبَالُ فَكَانَتۡ سَرَابًا |
Jeung gunung-gunung baris dimusnahkeun nepi ka jadi sarab (fatamorgana). |
21. | إِنَّ جَهَنَّمَ كَانَتۡ مِرۡصَادً۬ا |
Saéstuna naraka Jahanam téh disadiakeun. |
22. | لِّلطَّـٰغِينَ مَـَٔابً۬ا |
Pikeun mulangna jalma-jalma nu bahula. |
23. | لَّـٰبِثِينَ فِيہَآ أَحۡقَابً۬ا |
Anu baris tetep-tumetep di dinya sababaraha huqub (saendeng-endeng). |
24. | لَّا يَذُوقُونَ فِيہَا بَرۡدً۬ا وَلَا شَرَابًا |
Di dinyana moal ngarasa tiis jeung taya inumeun. |
25. | إِلَّا حَمِيمً۬ا وَغَسَّاقً۬ا |
Salian ti cai panas ngagolak jeung getih katut nanah. |
26. | جَزَآءً۬ وِفَاقًا |
Minangka wawales nu sabobot. |
27. | إِنَّہُمۡ ڪَانُواْ لَا يَرۡجُونَ حِسَابً۬ا |
Saéstuna maranéhna teu miharep kana hisab (balitungan amal). |
28. | وَكَذَّبُواْ بِـَٔايَـٰتِنَا كِذَّابً۬ا |
Jeung maranéhna ingkar kana ayat-ayat Kami enya-enya. |
29. | وَكُلَّ شَىۡءٍ أَحۡصَيۡنَـٰهُ ڪِتَـٰبً۬ا |
Padahal saban perkara (amal) ku Kami geus dikumpulkeun dina kitab. |
30. | فَذُوقُواْ فَلَن نَّزِيدَكُمۡ إِلَّا عَذَابًا |
Ku kituna pék gera rasakeun; jeung Kami moal nambahan naon-naon salian ti siksaan ka maranéh. |
31. | إِنَّ لِلۡمُتَّقِينَ مَفَازًا |
Saéstuna pikeun jalma-jalma nu takwa téh kauntungan. |
32. | حَدَآٮِٕقَ وَأَعۡنَـٰبً۬ا |
Kebon-kebon katut anggur. |
33. | وَكَوَاعِبَ أَتۡرَابً۬ا |
Jeung mojang-mojang ngora nu sapantar. |
34. | وَكَأۡسً۬ا دِهَاقً۬ا |
Jeung lumur-lumur nu parinuh ku inumeun. |
35. | لَّا يَسۡمَعُونَ فِيہَا لَغۡوً۬ا وَلَا كِذَّٲبً۬ا |
Di dinya maranéhna moal ngadéngé omong kosong jeung bohong. |
36. | جَزَآءً۬ مِّن رَّبِّكَ عَطَآءً حِسَابً۬ا |
Minangka pamulang ti Pangéran manéh, sih pangasih sacukupna. |
37. | رَّبِّ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضِ وَمَا بَيۡنَہُمَا ٱلرَّحۡمَـٰنِۖ لَا يَمۡلِكُونَ مِنۡهُ خِطَابً۬ا |
Pangéran nu murbeng langit jeung bumi katut saniskara nu aya di antarana, Nu Maha Murah, taya nu wasa unjukan ka Anjeunna. |
38. | يَوۡمَ يَقُومُ ٱلرُّوحُ وَٱلۡمَلَـٰٓٮِٕكَةُ صَفًّ۬اۖ لَّا يَتَكَلَّمُونَ إِلَّا مَنۡ أَذِنَ لَهُ ٱلرَّحۡمَـٰنُ وَقَالَ صَوَابً۬ا |
Dina poéan roh (Jibril) jeung malaikat ngadeg ngabaris, taya nu wasa unjukan salian ti anu dipaparin widi ku Pangéran Nu Maha Murah, jeung nu ngomongna bener. |
39. | ذَٲلِكَ ٱلۡيَوۡمُ ٱلۡحَقُّۖ فَمَن شَآءَ ٱتَّخَذَ إِلَىٰ رَبِّهِۦ مَـَٔابًا |
Éta téh poé anu haq (bener), sing saha anu miharep prak geura milih tempat mulang ka Pangéranna. |
40. | إِنَّآ أَنذَرۡنَـٰكُمۡ عَذَابً۬ا قَرِيبً۬ا يَوۡمَ يَنظُرُ ٱلۡمَرۡءُ مَا قَدَّمَتۡ يَدَاهُ وَيَقُولُ ٱلۡكَافِرُ يَـٰلَيۡتَنِى كُنتُ تُرَٲبَۢا |
Saéstuna Kami ngawawadian maranéh ku siksaan anu deukeut, dina poéan manusa nénjo saniskara anu geus dipigawé ku dua leungeunna; jeung jelema kafir baris lumengis: “Hayang teuing kaula jadi taneuh.”. |
Rujukan
Tumbu ka luar
Wikiwand in your browser!
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.