Alloh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Alloh (Allōhu) ( الله, Aksara Sunda: ᮃᮜᮣᮧᮂ) nyaéta kecap dina basa Arab anu ngarujuk ka Pangéran atawa Gusti ". Kecap ieu leuwih dipikawanoh minangka sebutan pangéran ku panganut ageman Islam. Kecap ieu sorangan digolongan ku para pamaké basa arab salaku kecap anu umum pikeun nyebutkeun pangéran, leupas ti ageman maranéhanana, kaasup panganut Yahudi sarta Kristen Arab. Balukarna, kecap ieu dipaké dina tarjamahan kitab suci ageman Kristen jeung Yahudi anu maké bahasa Arab, sakumaha ogé tarjamahan Alkitab dina basa Indonésia jeung Turki. Alloh disebutkeun leuwih ti 2000 kali dina Qur'an .