From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al-Fatihah (aksara Arab:الفاتح) (bubuka) anu diturunkeun di Mekah sarta diwangun ku 7 ayat mangrupa surat anu munggaran diturunkeun di antara surat-surat anu aya dina Al Quran sarta kaasup golongan surah Makkiyah (anu turun di Mekah).[3][4]. Surat ieu disebut Al Fatihah (Bubuka), alatan nya ku surat ieu pisan dibuka sarta dimimitianana Al Quran. Dingaranan Ummul Quran (indung Al Quran/أمّ القرءان) atawa Ummul Kitaab (indung Al Kitab/أمّ الكتاب) alatan ieu surat mangrupa indung ti sakabéh eusi Al Quran. Dingaranan ogé As Sab'ul matsaany (tujuh anu diulang-ulang/السبع المثاني) alatan jumlah ayatna anu tujuh sarta dibaca diulang-ulang dina solat.
Al-Fatihah الفاتحة |
|
---|---|
| |
Informasi | |
Harti | Bubuka |
Ngaran séjén | Ummul Qur'an (Indung al-Qur'an) Ummul Kitab (Indung al-Kitab) as-Sab'ul Masani (Tujuh nu diulang-ulang)[1] al-Kanzu al-Wafiyah al-Kafiyah al-Asas asy-Syafiyah[2] |
Golongan | Makkiyah Madaniyah[1] |
Surah ka | 1 |
Juz | Juz 1 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 4 ayat |
Jumlah kecap | 25 kecap |
Jumlah aksara | 113 aksara |
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | بِسْمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحْمَـٰنِ ٱلرَّحِيم |
Kalayan asma Allah, Nu Maha Welas tur nu Maha Asih. |
2. | ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ ٱلْعَـٰلَمِين |
Puji sinareng sukur ka Allah, Pangéran sadaya alam. |
3. | ٱلرَّحْمَـٰنِ ٱلرَّحِيم |
Nu Maha Welas tu Maha Asih. |
4. | مَـٰلِكِ يَوْمِ ٱلدِّين |
Nu ngawasa poé balitungan. |
5. | إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ |
Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung. |
6. | ٱهْدِنَا ٱلصِّرَ ٰط ٱلْمُسْتَقِيمَ |
Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan anu lempeng. |
7. | صِرَ ٰطَ ٱلَّذِينَ أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِ ٱلْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ وَلاَ ٱلضَّاۤلِّينَ |
Nyaéta jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar. |
Sajaba dingaranan Al Fatihah (Bubuka)[5], surat kahiji Al Quran ieu dingaranan ogé Ummul Kitab (indung Al Kitab), Ummul Qur'an (indung Al Qur'an), As-sabu'ul Matsani (Tujuh anu Diulang), Ash-shalah/الصلاة (Solat), al-hamd/الحمد (Pujian), Al-wafiyah/الوافية (Anu Sampurna), al-kanzu/الكنز (Simpenan anu Kandel), asy-syafiyah (Anu Nyageurkeun), Asy-syifa/الشفاء (Ubar), al-kafiyah/الكافية (anu Nyukupkeun), sarta al-asas (Poko)[6]
Iman ka Pangéran Anu Maha Tunggal dituliskeun dina ayat ka-2, di mana dinyatakeun kalayan teges yén sagala puji sarta ucapan sukur alatan hiji nikmat téh pikeun Alloh lantaran Alloh Nu Nyipta sarta nu jadi Asal ti sagala nikmat anu aya di ieu alam. di antara nikmat éta nyaéta: nikmat nyiptakeun, nikmat ngatik sarta numuwuhkeun, sabab kecap Rabb (ربّ) dina kalimah Rabbul-'aalamiin (ربّ العالمين) henteu ngan boga harti Pangéran atawa Pangawasa hungkul, tapi ogé ngandung harti tarbiyah (التربية) nyaéta ngatik sarta numuwuhkeun. Hal ieu némbongkeun yén sagala nikmat anu katempo ku hiji jalma dina dirina sorangan sarta dina ieu alam asalna ti Alloh, lantaran Alloh Anu Maha Ngawasa di ieu alam. Hal ieu kudu diperhatikeun sarta dipikirkeun ku manusa sajero-jerona, antukna ngajadi sumber rupa-rupa élmu pangaweruh anu bisa nambahan kayakinan manusa kana kaagungan sarta kamuliaan Alloh, sarta kapaké pikeun balaréa. Ku alatan kaimanan (katauhidan) éta mangrupa masalah anu poko, mangka dina jero surat Al Fatihah teu cukup dinyatakeun ku isarat waé, tapi ditegeskan sarta dilengkepan ku ayat 5, nyaéta: Iyyaaka na'budu wa iyyaka nasta'iin/إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِين (Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung).
Anu dimaksud ku kalimah "Nu ngawasa poé balitungan" nyaéta dina poé éta Allah hungkul anu ngawasa, sagala mahluk taluk kana kaagungNa sarta miharep nikmat sarta sieun ku siksaan-Na. Hal ieu ngandung harti jangji Alloh maparin pahala ka nu gawéna alus sarta ancaman ka nu gawéna goréng. Ibadah anu aya dina ayat ka-5 samata-mata ditujukeun pikeun Alloh.
Jalan kabagjaan sarta kumaha sakuduna nyorang jalan éta pikeun meunangkeun kabagjaan dunya sarta ahérat. Maksud "Hidayah" di dieu nyaéta hidayah anu jadi cukang lantaran kasalametan, kabagjaan dunya sarta ahérat, boh anu ngeunaan kapercayaan boh akhlak, hukum sarta pangajaran.
Carita para nabi jeung carita jalma-jalma baheula anu ngarempak paréntah Alloh. Sebagian badag tina ayat-ayat Al -Quran ngandung carita-carita para Nabi sarta carita jalma-jalma baheula anu ngarempak paréntah Alloh. Anu dimaksud jelema anu dipaparin nikmat dina ayat ieu, nyaéta para nabi, para shiddieqiin/صدّيقين (jalma-jalma anu iman saéstuna), syuhadaa'/شهداء (jalma-jalma anu maot syahid), shaalihiin/صالحين (jalma-jalma anu saléh). Jalma-jalma anu dibendon sarta jalma-jalma anu salasar, nyaéta golongan anu nyimpang tina ajaran Islam.
Wincikan ti anu geus disebutkeun di luhur aya dina ayat-ayat Al Quran dina surat-surat anu séjén.
Surat Al Fatihah ieu ngalengkepan unsur-unsur poko syari'at Islam, anu saterusna dijelaskeun wincikanana ku ayat-ayat Al-quran séjénna anu jumlahna 113.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.