Surah Al-Baqarah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Baqoroh (Arab: البقرة, al-Baqarah, "Sapi Bikang") nyaéta surat ka-2 dina Al Qur'an. Surat ieu kawengku ti 286 ayat, 6.221 kecap, jeung 25.500 huruf jeung kaasup surat Madaniyah. Sabagéan gedé ayatna turun di awal hijrahna Nabi sa.w., iwal ti ayat 281 nu turun di Mina nalika Haji Wada'. Surah ieu pang panjangna dina Al Qur'an. Dingaranan Al-Baqoroh nu hartina Sapi Bikang dicandak tina carita Bani Isroil nu diparéntah Allah meuncit sapi bikang (ayat 67-74). Surat ieu ogé disebut Fusthotul Qur'an (Puncakna Al-Qur'an) lantaran eusina aya hukum-hukum nu teu disebutkeun dina surat nu lian atawa surat Alif Lam Mim lantaran dimimitian Alif Lam dan Mim. Turun sabada Surat 83 Al Muthoffifin.
Informasi leuwih jero Al Baqoroh سورة البقرة, Informasi ...
Al Baqoroh سورة البقرة |
|
---|---|
Informasi | |
Harti | Sapi Bikang |
Ngaran séjén | 'Fusthotul Qur'an Alif Laam Miim Sanamul Quran Az-Zahrawaén |
Golongan | Madaniyyah |
Surah ka | 2 |
Juz | Juz 01 |
Waktu turun wahyu | 87 [1] |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 40 ruku' |
Jumlah ayat | 286 ayat |
Jumlah kecap | 6121 |
Jumlah aksara | 25.500 [2] |
Tutup