From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Qiyamah (Arab: القيامة, "poé Kiamat") nyaéta surat ka-75 dina Al Qur'an. Ieu surat kawengku 40 ayat, kaasup golongan surat Makkiyah sarta diturunkeun sabada surat Al Qori'ah. Kecap Al Qiyamah (poé kiamat) dicandak tina kecap Al Qiyamah nu aya di mimiti ieu surat.
Eusi pokok ieu surat, di antarana:
لاَ أُقْسِمُ بِيَوْمِ ٱلْقِيَامَةِ
(1) Kaula sumpah ku poé kiamat.
وَلاَ أُقْسِمُ بِٱلنَّفْسِ ٱللَّوَّامَةِ
(2) Jeung Kaula sumpah ku jiwa nu kuciwa.
أَيَحْسَبُ ٱلإِنسَانُ أَلَّن نَّجْمَعَ عِظَامَهُ
(3) Naha manusa nyangka, yén Kami teu bisa ngumpulkeun (deui) tulang taléngna.
بَلَىٰ قَادِرِينَ عَلَىٰ أَن نُّسَوِّيَ بَنَانَهُ
(4) (Enya) Kami kawasa pikeun ngéntépkeun ramo-ramona kalayan sampurna.
بَلْ يُرِيدُ ٱلإِنسَانُ لِيَفْجُرَ أَمَامَهُ
(5) Malahan manusa téh, teterusan nyieun dosa.
يَسْأَلُ أَيَّانَ يَوْمُ ٱلْقِيَامَةِ
(6) Tumanya naha iraha poé kiamat.
Alloh SWT dina ieu surat sumpah ku poé kiamat jeung jiwa nu bakal hanjelu (handeueul) kana laku lampah nu nirca.[3]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.