From Wikipedia, the free encyclopedia
Suraa Al Muthoffifin (basa Arab: المطفّفي,"Jalma-jalma nu macikeuh") nyaéta surat ka-83 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah, diwangun ku 36 ayat. Dingaranan Al Muthoffifin anu hartina Jalma-jalma anu macikeuh di cokot tina kecap al muthaffifiin anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Surat ieu mangrupa surat pamungkas anu turun di Mekkah saméméh hijrah.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَيۡلٌ۬ لِّلۡمُطَفِّفِينَ |
Kacilakaan pikeun jalma-jalma tukang macikeuh (ngabobodo takeran, timbangan, ukuran jeung sajaba ti éta). |
2. | ٱلَّذِينَ إِذَا ٱكۡتَالُواْ عَلَى ٱلنَّاسِ يَسۡتَوۡفُونَ |
Anu upama maranéhna narima takeran ti nu séjén hayang cukup. |
3. | وَإِذَا كَالُوهُمۡ أَو وَّزَنُوهُمۡ يُخۡسِرُونَ |
Tapi upami maranéhna naker atawa nimbang keur batur sok dikurangan. |
4. | أَلَا يَظُنُّ أُوْلَـٰٓٮِٕكَ أَنَّہُم مَّبۡعُوثُونَ |
Naha maranéhna teu nyangka yén maranéhna baris dihudangkeun. |
5. | لِيَوۡمٍ عَظِيمٍ۬ |
Pikeun nohonan poé nu gedé. |
6. | يَوۡمَ يَقُومُ ٱلنَّاسُ لِرَبِّ ٱلۡعَـٰلَمِينَ |
Poé éta manusa bakal diharudangkeun pikeun madep ka Pangéran Nu Murbeng Alam sakabéh. |
7. | كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡفُجَّارِ لَفِى سِجِّينٍ۬ |
Ulah kitu! Sabab saenyana tulisan (amal) jelema-jelema doraka téh dina sijjin. |
8. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا سِجِّينٌ۬ |
Jeung naha manéh nyaho naon ari sijjin téh? |
9. | كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ |
(Éta téh) kitab nu geus ditulis. |
10. | وَيۡلٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لِّلۡمُكَذِّبِينَ |
Kacilakaan poé éta pikeun jalma-jalma anu ingkar. |
11. | ٱلَّذِينَ يُكَذِّبُونَ بِيَوۡمِ ٱلدِّينِ |
(Nyaéta) jalma-jalma anu ingkar kana poé pangbalesan. |
12. | وَمَا يُكَذِّبُ بِهِۦۤ إِلَّا كُلُّ مُعۡتَدٍ أَثِيمٍ |
Jeung taya anu ingkar kana poé pangbalesa téa, anging saba-saban anu ngaliwatan wates-wangen, tur anu kacida dorakana. |
13. | إِذَا تُتۡلَىٰ عَلَيۡهِ ءَايَـٰتُنَا قَالَ أَسَـٰطِيرُ ٱلۡأَوَّلِينَ |
Upama dibacakeun ayat-ayat Kami ka manéhna, pokna téh: “Éta mah dongéng-dongéng baheula.” |
14. | كَلَّاۖ بَلۡۜ رَانَ عَلَىٰ قُلُوبِہِم مَّا كَانُواْ يَكۡسِبُونَ |
Lain kitu! Malah narutupan haténa sakur nu geus diusahakan ku maranéhna téh. |
15. | كَلَّآ إِنَّہُمۡ عَن رَّبِّہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّمَحۡجُوبُونَ |
Lain kitu! Saéstuna dina poé éta téh maranéhna kahijab (kahalangan) tina (rahmat) Pangéranna. |
16. | ثُمَّ إِنَّہُمۡ لَصَالُواْ ٱلۡجَحِيمِ |
Tuluy maranéhna bener-bener baris digebruskeun ka naraka Jahim. |
17. | ثُمَّ يُقَالُ هَـٰذَا ٱلَّذِى كُنتُم بِهِۦ تُكَذِّبُونَ |
Tuluy baris diwartikeun: “Tah ieu anu kungsi ku maranéh diingkarkeun téh!” . |
18. | كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡأَبۡرَارِ لَفِى عِلِّيِّينَ |
Masing inget! Saenyana tulisan (amal) jalma-jalma nu haradé aya dina illiyiin. |
19. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا عِلِّيُّونَ |
Naha manéh nyaho, naon ari illiyyin?. |
20. | كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ |
(Nyaéta) kitab anu ditulis! |
21. | يَشۡہَدُهُ ٱلۡمُقَرَّبُونَ |
Anu disaksian ku malaikat-malaikat anu kadeuheus. |
22. | إِنَّ ٱلۡأَبۡرَارَ لَفِى نَعِيمٍ |
Saéstuna jalma-jalma anu balageur mah aya dina kanikmatan. |
23. | عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ |
Dina kartil-kartil maranéhna naringali. |
24. | تَعۡرِفُ فِى وُجُوهِهِمۡ نَضۡرَةَ ٱلنَّعِيمِ |
Katara dina beungeut maranéhna cahaya kanikmatan. |
25. | يُسۡقَوۡنَ مِن رَّحِيقٍ۬ مَّخۡتُومٍ |
Maranéhna dipaparin inumeun pinilih anu ditutupan. |
26. | خِتَـٰمُهُ ۥ مِسۡكٌ۬ۚ وَفِى ذَٲلِكَ فَلۡيَتَنَافَسِ ٱلۡمُتَنَـٰفِسُونَ |
Tutupna ku kastori; tah kana kitu téh kudu paheula-heula bareng jeung sakumna nu paheula-heula. |
27. | وَمِزَاجُهُ ۥ مِن تَسۡنِيمٍ |
Jeung campuranana tina cai tasnim (pinilih). |
28. | عَيۡنً۬ا يَشۡرَبُ بِہَا ٱلۡمُقَرَّبُونَ |
Nyaéta sumber cai pikeun ngarinumna jalma-jalma nu kadeuheus (ku Alloh). |
29. | إِنَّ ٱلَّذِينَ أَجۡرَمُواْ كَانُواْ مِنَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ يَضۡحَكُونَ |
Saéstuna jalma-jalma doraka téh baheulana sok nyaleungseurikeun jalma-jalma nu ariman. |
30. | وَإِذَا مَرُّواْ بِہِمۡ يَتَغَامَزُونَ |
Jeung upama seug maranéhna ngaliwat ka hareupeun jalma-jalma nu ariman, maranéhna sok silihkiceupan. |
31. | وَإِذَا ٱنقَلَبُوٓاْ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمُ ٱنقَلَبُواْ فَكِهِينَ |
Jeung upama maranéhna baralik ka ahlina, baralikna téh sok sarusurakan. |
32. | وَإِذَا رَأَوۡهُمۡ قَالُوٓاْ إِنَّ هَـٰٓؤُلَآءِ لَضَآلُّونَ |
Jeung upama maranéhna nénjo ka kaum mu’minin, pok maranéhna nyarita: “Saéstuna éta téh jalma-jalma nu salasar.”. |
33. | وَمَآ أُرۡسِلُواْ عَلَيۡہِمۡ حَـٰفِظِينَ |
Padahal maranéhna téh teu diutus pikeun jadi pangraksa maranéhna. |
34. | فَٱلۡيَوۡمَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ مِنَ ٱلۡكُفَّارِ يَضۡحَكُونَ |
Nya dina poé ieu jalma-jalma nu ariman nyaleungseurikeun jalma-jalma kupur. |
35. | عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ |
Tina kartil-kartil maranéhna narénjokeun. |
36. | هَلۡ ثُوِّبَ ٱلۡكُفَّارُ مَا كَانُواْ يَفۡعَلُونَ |
Naha geus dibales jalma-jalma kafir téh tina saniskara nu dilampahkeunana? |
Surat sateuacanna: Al Infitar |
Surat 83 | Surat saparantosna: Al Insyiqoq |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.