From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Munafiqun (Arab: المنافقون,"nemrak") nyaéta surat ka-63 dina Al-Qur'an. Surat ieu kaasup surat Madaniyah tur kawengku 11 ayat. Dingaranan Al Munafiqun saluyu nu kaunggel dina ayat ka-1.
إِذَا جَآءَكَ ٱلْمُنَافِقُونَ قَالُواْ نَشْهَدُ إِنَّكَ لَرَسُولُ ٱللَّهِ وَٱللَّهُ يَعْلَمُ إِنَّكَ لَرَسُولُهُ وَٱللَّهُ يَشْهَدُ إِنَّ ٱلْمُنَافِقِينَ لَكَاذِبُونَ
(1) Mun datang ka anjeun (Rosul) urang munapék pokna: "Kami nyakséni yén saéstuna anjeun téh utusan Alloh", inyana Alloh uninga anjeun téh utusan Alloh. Jeung Alloh nyakséni yén urang munapék tukang bohong.
ٱتَّخَذُوۤاْ أَيْمَانَهُمْ جُنَّةً فَصَدُّواْ عَن سَبِيلِ ٱللَّهِ إِنَّهُمْ سَآءَ مَا كَانُواْ يَعْمَلُونَ
(2) Maranéhna susumpahan minangka taméng dina raraga ngahalang ti jalan Alloh, saéstuna goréng patut kalakuan maranéhna téh.
ذَلِكَ بِأَنَّهُمْ آمَنُواْ ثُمَّ كَفَرُوا فَطُبِعَ عَلَىٰ قُلُوبِهِمْ فَهُمْ لاَ يَفْقَهُونَ
(3) Kukituna éstu maranéhna iman terus balik deui kupur, dicap dina haté-haté maranéhna maka maranéhna teu ngarti.
وَإِذَا رَأَيْتَهُمْ تُعْجِبُكَ أَجْسَامُهُمْ وَإِن يَقُولُواْ تَسْمَعْ لِقَوْلِهِمْ كَأَنَّهُمْ خُشُبٌ مُّسَنَّدَةٌ يَحْسَبُونَ كُلَّ صَيْحَةٍ عَلَيْهِمْ هُمُ ٱلْعَدُوُّ فَٱحْذَرْهُمْ قَاتَلَهُمُ ٱللَّهُ أَنَّى يُؤْفَكُونَ
(4) Jeung mun anjeun nempo maranéhna matak hemeng tagogna, mun ngomong kadéngé lir ibarat nu nyarandé, maranéhna nyangka sakur panyaluk keur maranéhna. Sabenerna maranéhna téh musuh, sing caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, Alloh SWT bakal numpurkeun maranéhna, kumaha maranéhna nyingkah Al-aayah Jstrsna....
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.