Surah Al-Lahab
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al Masad atawa Al Lahab nyaéta surat ka-111 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 5 ayat sarta kaasup surat makiyyah. Ngaran Al Lahab dicokot tina kecap Al Lahab anu aya dina ayat katilu anu hartina seuneu nu ngéntab-ngéntab. Poko eusi surat ieu eusina ngeunaan nasib salah saurang pamanna Rosululloh SAW nyaéta Abu Lahab reujeung pamajikanana anu diancam ku siksa naraka.