Surat Al Insyiroh (basa Arab:الانشراح, "Longsong") nyaéta surat ka-94 dina al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 8 ayat sarta kaasup kana golongan surat-surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surat Ad-duha.

Informasi leuwih jero Al Insyiroh الانشراح, Informasi ...
Al Insyiroh
الانشراح
Informasi
Harti Longsong
Ngaran séjén Alam Nasyroh
Golongan Makkiyah
Surah ka 94
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 8 ayat
Tutup

Poko-poko eusi

Panegesan ngeunaan nikmat-nikmat Alloh SWT anu dibikeun ka Nabi Muhammad SAW, sarta pernyataan Alloh yén sajaba kasusah aya kamudahan; alatan éta diparéntahkeun ka Nabi sangkan tetep ngalakonan amal-amal soléh sarta tawekal ka Mantenna.

Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
أَلَمۡ نَشۡرَحۡ لَكَ صَدۡرَكَ
Lain apan Kami téh geus ngalongsongkeun dada anjeun.
2.
وَوَضَعۡنَا عَنكَ وِزۡرَكَ
Jeung pan kami geus nyinglar bangbaluh anjeun,
3.
ٱلَّذِىٓ أَنقَضَ ظَهۡرَكَ
anu ngabeungbeuratan tonggong anjeun?
4.
وَرَفَعۡنَا لَكَ ذِكۡرَكَ
Jeung pan Kami geus ngangkat ngaran anjeun?
5.
فَإِنَّ مَعَ ٱلۡعُسۡرِ يُسۡرًا
Saenyana dina kasusah (rohani) téh aya kamudahan.
6.
إِنَّ مَعَ ٱلۡعُسۡرِ يُسۡرً۬ا
Saenyana dina kasusah téh aya kamudahan.
7.
فَإِذَا فَرَغۡتَ فَٱنصَبۡ
Ku sabab éta, upama anjeun geus salsé, jung geura nangtung (digawé deui).
8.
وَإِلَىٰ رَبِّكَ فَٱرۡغَب
Jeung nya ngan ka Pangéran anjeun, sakuduna anjeun miharep.
Tutup

Hubungan surah Al Insyirah jeung surat At Tin

Dina surat Alam Nasyroh, Alloh SWT ngécéskeun paréntah ka Nabi Muhammad SAW salaku manusa sampurna. Mangka dina surat At Tin, diterangkeun yén manusa éta téh mahluk Alloh anu miboga kasanggupan boh lahir boh batin. Kasanggupanana éta jadi kanyataan lamun maranéhanana nurutan tapak lacak Nabi Muhammad SAW.

Tumbu ka luar

Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
Ad Duha
Surat 94 Surat saparantosna:
At Tin
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.