From Wikipedia, the free encyclopedia
Al Insyiqoq (basa Arab:الانشقاق, "Kabeulah") nyaéta surat ka-84 dina al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 25 ayat sarta kaasup kana golongan surat-surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surah Al Infithor. Dingaranan al insyiqoq (ka lebah), dicokot tina kecap anu aya dina awal surat ieu.
Poko-poko eusina ngajelaskeun kajadian-kajadian dina awal kajadian poé kiamat; pangwawadi yén manusa susah payah néangan Pangéranana; dina manggihan Pangéranana jaga aya anu meunang kabagjaan sarta aya ogé anu meunang kasangsaraan; tingkat-tingkat kajadian sarta kahirupan manusa di dunya jeung di ahérat.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِذَا ٱلسَّمَآءُ ٱنشَقَّتۡ |
Nalika langit beulah. |
2. | وَأَذِنَتۡ لِرَبِّہَا وَحُقَّتۡ |
Lantaran tumut kana timbalan Pangéranna, da kitu kuduna. |
3. | وَإِذَا ٱلۡأَرۡضُ مُدَّتۡ |
Jeung nalika bumi diratakeun. |
4. | وَأَلۡقَتۡ مَا فِيہَا وَتَخَلَّتۡ |
Sarta ngabudalkeun saniskara eusina nepi ka kosong. |
5. | وَأَذِنَتۡ لِرَبِّہَا وَحُقَّتۡ |
Lantaran tumut kana timbalan Pangéranana, da kitu kuduna. |
6. | يَـٰٓأَيُّهَا ٱلۡإِنسَـٰنُ إِنَّكَ كَادِحٌ إِلَىٰ رَبِّكَ كَدۡحً۬ا فَمُلَـٰقِيهِ |
Yeuh manusa! Saéstuna manéh soson-soson pisan (ngajugjug) ka Pangéran manéh, tangtu manéh baris papanggih jeung Anjeunna. |
7. | فَأَمَّا مَنۡ أُوتِىَ كِتَـٰبَهُ ۥ بِيَمِينِهِۦ |
Ku kituna sing saha anu dibéré kitabna ti beulah katuhueunana; |
8. | فَسَوۡفَ يُحَاسَبُ حِسَابً۬ا يَسِيرً۬ا |
nya baris dibalitungkeun ku balitungan nu énténg. |
9. | وَيَنقَلِبُ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِۦ مَسۡرُورً۬ا |
Sarta baris mulang ka ahlina kalawan suka bungah. |
10. | وَأَمَّا مَنۡ أُوتِىَ كِتَـٰبَهُ ۥ وَرَآءَ ظَهۡرِهِۦ |
Jeung sing saha anu dibéré kitabna ti tukangeun tonggongna. |
11. | فَسَوۡفَ يَدۡعُواْ ثُبُورً۬ا |
Nya manéhna baris sasambat: “Beu cilaka!” |
12. | وَيَصۡلَىٰ سَعِيرًا |
Sarta baris digebruskeun kana naraka Sa’ir. |
13. | إِنَّهُ ۥ كَانَ فِىٓ أَهۡلِهِۦ مَسۡرُورًا |
Sabab baheulana manéhna sukan-sukan jeung ahlina. |
14. | إِنَّهُ ۥ ظَنَّ أَن لَّن يَحُورَ |
Saéstuna manéhna nyangka yén manéhna moal balik deui (ka Alloh). |
15. | بَلَىٰٓ إِنَّ رَبَّهُ ۥ كَانَ بِهِۦ بَصِيرً۬ا |
Teu kitu! Malah saéstuna salawasna Pangéranna ningali ka manéhna. |
16. | فَلَآ أُقۡسِمُ بِٱلشَّفَقِ |
Jeung Kami sumpah demi layung. |
17. | وَٱلَّيۡلِ وَمَا وَسَقَ |
Jeung peuting katut saniskara anu dikumpulkeun. |
18. | وَٱلۡقَمَرِ إِذَا ٱتَّسَقَ |
Jeung bulan nalika purnama. |
19. | لَتَرۡكَبُنَّ طَبَقًا عَن طَبَقٍ۬ |
Saéstuna manéh baris ngaléngkah sahambalan-sahambalan. |
20. | فَمَا لَهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ |
Tapi naha maranéhna teu daraék iman? |
21. | وَإِذَا قُرِئَ عَلَيۡہِمُ ٱلۡقُرۡءَانُ لَا يَسۡجُدُونَ |
Jeung nalika Qur’an dibacakeun ka maranéhna, maranéhna teu daraékeun sujud. |
22. | بَلِ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ يُكَذِّبُونَ |
Malah jalma-jalma kalupur mah ingkar. |
23. | وَٱللَّهُ أَعۡلَمُ بِمَا يُوعُونَ |
Padahal Alloh langkung uninga kana saniskara nu ngumpul (dina haténa). |
24. | فَبَشِّرۡهُم بِعَذَابٍ أَلِيمٍ |
Ku kituna, prak geura bubungah maranéhna téh ku siksaan nu peurih pisan. |
25. | إِلَّا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ لَهُمۡ أَجۡرٌ غَيۡرُ مَمۡنُونِۭ |
Kajaba maranéhna anu ariman turta anu ngalampahkeun amal soléh; pikeun maranéhna mah ganjaran nu taya kendatna. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.