From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al-Haaqqoh (Basa Arab:الحآقّة, "Poé Kiamat") nyaéta surat ka-69 dina Al Qur'an. Surat ieu kaasup surat Makkiyah kawengku 52 ayat. Dingaranan Al Haaqqoh nu hartina Poé kiamat tina ayat nu mimiti.
Eusi pokok ieu surat, di antarana:
ٱلْحَاقَّةُ
(1) Poé kiamat.
مَا ٱلْحَآقَّةُ
(2) Naon ari poé kiamat.
وَمَآ أَدْرَاكَ مَا ٱلْحَاقَّةُ
(3) Naha anjeun apal naon poé kiamat.
كَذَّبَتْ ثَمُودُ وَعَادٌ بِٱلْقَارِعَةِ
(4) Kaom Tsamud jeung 'Aad ngabohongkeun kiamat. (Jstrna)
Alloh SWT negeskeun yén poé kiamat anu disebutkeun Al Haaqqoh nu hartina nu bener bakal tumiba. Kiamat bakal cunduk datang dina mangsa nu Alloh SWT nu Maha Uninga. Disebutkeun maké runtuyan kalimat ( وَمَآ أَدْرَاكَ مَا ٱلْحَاقَّةُ) naha anjeun apa naon ari kecap (ٱلْحَاقَّةُ) nyaéta (الساعة الواجبة الوقوع الثابتة المجيء، التي هي آتية لا ريب فيه) waktu nu pasti tumiba datangna bari euweuh nu nyangsikeun.[3] Dina éta waktu sing sarwa huru hara kiamat, poé balitungan, siksa jeung ni'mat téh bener.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.