Surat Al Balad (basa Arab: البلد) nyaéta surat ka-90 dina al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah anu diwangun ku 20 ayat. Dingaranan "Al Balad" anu hartina Nagri dicokot tina kecap "al balad" anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Anu dimaksud ku dayeuh dina ayat ieu nyaéta dayeuh Mekah.

Informasi leuwih jero Al Balad البلد, Informasi ...
Al Balad
البلد
Informasi
Harti Nagri
Golongan Makkiyah
Surah ka 90
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 20 ayat
Tutup

Poko-poko Eusi

  • Manusia diciptakeun Alloh pikeun bajoang nyanghareupan kahésé
  • Pépéling ka manusa sangkan henteu katipu daya ku kakawasaan jeung harta banda
  • Sawatara pepéling ka manusa lantaran sawatara nikmat anu geus dipaparin Alloh pikeun maranéhna jeung yén Alloh téh geus némbongkeun jalan-jalan anu baris mawa maranéhna kana kabagjaan sarta anu baris mawa kana kacilakaan.

Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
لَآ أُقۡسِمُ بِہَـٰذَا ٱلۡبَلَدِ
Kami saenyana sumpah demi ieu nagri.
2.
وَأَنتَ حِلُّۢ بِہَـٰذَا ٱلۡبَلَدِ
Jeung anjeun (Muhammad) matuh di ieu nagri.
3.
وَوَالِدٍ۬ وَمَا وَلَدَ
Jeung demi karuhun katut rundayanana.
4.
لَقَدۡ خَلَقۡنَا ٱلۡإِنسَـٰنَ فِى كَبَدٍ
Saéstuna manusa téh ku Kami diyugakeun dina kaayaan susah.
5.
أَيَحۡسَبُ أَن لَّن يَقۡدِرَ عَلَيۡهِ أَحَدٌ۬
Naha manusa nyangka yén samasakali taya pisan nu kumawasa kana dirina?
6.
يَقُولُ أَهۡلَكۡتُ مَالاً۬ لُّبَدًا
Manéhna nyarita: "Kaula geus ngahambur-hambur harta-banda anu kacida lobana.
7.
أَيَحۡسَبُ أَن لَّمۡ يَرَهُ ۥۤ أَحَدٌ
Naha manéhna nyangka yén taya pisan nu ningali manéhna?
8.
أَلَمۡ نَجۡعَل لَّهُ ۥ عَيۡنَيۡنِ
Lain apan Kami geus ngajadikeun dua panon keur manéhna?
9.
وَلِسَانً۬ا وَشَفَتَيۡنِ
Jeung létah hiji katut biwirna dua.
10.
وَهَدَيۡنَـٰهُ ٱلنَّجۡدَيۡنِ
Jeung apan kami geus nuduhkeun ka manéhna dua jalan.
11.
فَلَا ٱقۡتَحَمَ ٱلۡعَقَبَةَ
Naha teu saalusna manéhna (kalayan harta-bandana) nyorang jalan rumpil (aqobah).
12.
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا ٱلۡعَقَبَةُ
Jeung naha anjeun nyaho naon ari jalan nu rumpli (aqobah) téh?
13.
فَكُّ رَقَبَةٍ
(Nyaéta) ngabébaskeun budak beulian ('abid atawa amat).
14.
أَوۡ إِطۡعَـٰمٌ۬ فِى يَوۡمٍ۬ ذِى مَسۡغَبَةٍ۬
Atawa méré dahar dina mangsa kalaparan.
15.
يَتِيمً۬ا ذَا مَقۡرَبَةٍ
Ka budak yatim nu dareukeut (karabat).
16.
أَوۡ مِسۡكِينً۬ا ذَا مَتۡرَبَةٍ۬
Atawa ka jalma miskin anu balangsak.
17.
ثُمَّ كَانَ مِنَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلصَّبۡرِ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلۡمَرۡحَمَةِ
Tuluy manéhna kaasup kana golongan jalma-jalma anu ariman jeung anu silihwasiatan kana kasabaran sarta silihwasiatan kana silihpikaasih.
18.
أُوْلَـٰٓٮِٕكَ أَصۡحَـٰبُ ٱلۡمَيۡمَنَةِ
Manéhna téh golongan katuhu.
19.
وَٱلَّذِينَ كَفَرُواْ بِـَٔايَـٰتِنَا هُمۡ أَصۡحَـٰبُ ٱلۡمَشۡـَٔمَةِ
Jeung jalma-jalma anu kalupur kana ayat-ayat Kami maranéhna téh jalma-jalma anu dina golongan kénca.
20.
عَلَيۡہِمۡ نَارٌ۬ مُّؤۡصَدَةُۢ
Ka maranéhna seuneu naraka dirungkupkeun.
Tutup

Tumbu ka luar

Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
Al Fajar
Surat 90 Surat saparantosna:
Asy Syams
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.