Akselérasi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina fisika, akselérasi atawa gagancangan nyaéta gedéna robahan (atawa derivasi laju, anu mangrupa véktor) kalawan diménsi panjang/waktu². Dina hijian SI nyaéta méter/detik².
Akselérasi dilambangkan ku a (aksara panghareupna dina kecap akselérasi). Akselérasi bisa boga harga positif sarta négatif. Lamun harga akselérasi positif, hal ieu némbongkeun yén laju barang anu ngalaman akselérasi positif ieu nambahan (digancangkeun). Sabalikna lamun harga akselérasi téh négatif, hal ieu némbongkeun yén laju barang ngurangan (dilaunkeun). Conto akselérasi positif nyaéta: gerak muragna buah tina tangkalna anu dipangaruhan ku gravitasi. Sedengkeun conto akselérasi négatif nyaéta: gerak mobil anu dierém.