Surat Adh-duhaa (basa Arab:الضحى) nyaéta surat ka-93 dina al Qur'an sarta diwangun ku 11 ayat. Surat ieu kaasup golongan surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surat Al Fajar. Ngaran Adh Dhuhaa dicokot tina kecap anu aya dina ayat kahiji, anu hartina "waktu duha".

Informasi leuwih jero Adh Dhuhaa الضحى, Informasi ...
Adh Dhuhaa
الضحى
Informasi
Harti Waktu Duha
Golongan Makkiyah
Surah ka 93
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 11 ayat
Tutup

Surat Adh Dhuhaa, ngajelaskeun ngeunaan bimbingan Alloh SWT ka Nabi Muhammad SAW ku cara anu teu kendat-kendatna sarta ngandung ogé paréntah ka Nabi sangkan sukur kana sagala nikmat.

Poko-poko Eusina

  1. Alloh SWT sekali-kali moal ninggalkeun Nabi Muhammad SAW.
  2. Isaarat ti Alloh SWT yén kahirupan Nabi Muhammad SAW sarta dakwahna baris nambahan alus sarta mekar.
  3. Larangan ngécé ka budak yatim sarta ngusir jalma baramaén.
  4. Paréntah ngucapkeun nikmat anu dipaparin ku Alloh minangka tanda sukur.


Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
وَٱلضُّحَىٰ
Demi waktu duha.
2.
وَٱلَّيۡلِ إِذَا سَجَىٰ
Jeung peuting waktu keur sepi jempling.
3.
مَا وَدَّعَكَ رَبُّكَ وَمَا قَلَىٰ
Pangéran manéh teu ngantep jeung teu ngéwa ka anjeun.
4.
وَلَلۡأَخِرَةُ خَيۡرٌ۬ لَّكَ مِنَ ٱلۡأُولَىٰ
Jeung saéstuna ahérat téh leuwih hadé pikeun anjeun batan dunya.
5.
وَلَسَوۡفَ يُعۡطِيكَ رَبُّكَ فَتَرۡضَىٰٓ
Jeung saéstuna Pangéran manéh baris maparin kurnia ka anjeun nepi ka anjeun jadi suka.
6.
أَلَمۡ يَجِدۡكَ يَتِيمً۬ا فَـَٔاوَىٰ
Lain pan Alloh mendakan anjeundina kaayaan yatim, tuluy nangtayungan?
7.
وَوَجَدَكَ ضَآلاًّ۬ فَهَدَىٰ
Jeung Alloh mendakan anjeun dina kaayaan bingung, tuluy maparin pituduh?
8.
وَوَجَدَكَ عَآٮِٕلاً۬ فَأَغۡنَىٰ
Jeung Alloh mendakan anjeun dina kaayaan miskin, tuluy maparin kacukupan?
9.
فَأَمَّا ٱلۡيَتِيمَ فَلَا تَقۡهَرۡ
Anapon, ari ka budak yatim ulah anjeun lumaku sawenang-wenang.
10.
وَأَمَّا ٱلسَّآٮِٕلَ فَلَا تَنۡہَرۡ
Sarta ari ka jalma nu baramaén ulah anjeun ngusir (nyentak).
11.
وَأَمَّا بِنِعۡمَةِ رَبِّكَ فَحَدِّثۡ
Jeung ari kana nikmat ti Pangéran anjeun kudu ngucap-ngucapkeunana (ku cara sukur).
Tutup

Tumbu ka luar

Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
Al Lail
Surat 93 Surat saparantosna:
Al Insyiroh
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.