Surah 'Abasa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat 'Abasa (basa Arab:عبس, "Manéhna Baeud") nyaéta surat ka 80 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat Makkiyah anu diwangun ku 42 ayat. Surat ieu dingaranan "Abasa", kecap anu aya dina ayat kahijina. Nurutkeun riwayat, dina hiji mangsa Rosululloh s.a.w. narima para inohong bangsa Quresy sarta nyarios ka maranéhanana kalawan harepan maranéhanana asup Islam. Dina waktu éta datang Ibnu Ummi Maktum, saurang sohabat anu lolong anu miharep Rosululloh s.a.w. maoskeun ayat-ayat Al Qur'an anu geus diturunkeun ku Alloh. Tapi Rosululloh s.a.w. baeud jeung ngabalieur ti Ibnu Ummi Maktum anu lolong éta, Saterusna Alloh nurunkeun surat ieu minangka tegoran kana sikep Rosululloh ka ibnu Ummi Maktum.