29 Maret nyaéta poé ka-88 dina sataun (ka-89 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 277 poé.
- 845 – Paris dijarah ku panyerbu Viking, kamungkinan dipingpin ku Ragnar Lodbrok.
- 1430 – Kasultanan Utsmani dina pingpinan Murad II ngarebut Thessalonica ti Républik Venice.
- 1461 – Patempuran Towton: Edward ti York ngéléhkeun Ratu Margaret sarta jadi Raja Edward IV, ngabalukarkeun reureuhna saheulaanan Perang Mawar.
- 1632 – Perjangjian Saint-Germain ditaréken, malikkeun kakawasan Perancis ka Quebec sabada dikepung ku Inggris ti taun 1629.
- 1792 – Raja Gustav III ti Swédia nemasing pati sabada ditémbak dina hiji Opera Karajaan Stockholm 13 poé saméméhna. Manéhna tuluy digantikeun ku Gustav IV Adolf.
- 1795 – Ludwig van Beethoven (24) mimiti midang minangka pamaén piano di Wina.
- 1809 – Raja Gustav IV Adolf ti Swédia nyérénkeun tahtana sabada hiji kudéta. Ngamimitian papisahna Finlandia ti Swédia.
- 1847 – Perang Amérika-Méksiko: Pasukan AS nu dipingpin ku Jénderal Winfield Scott ngarebut Veracruz.
- 1849 – Karajaan Inggris nyapluk Punjab.
- 1857 – Sepoy Mangal Pandey ti Resimén ka-34 Infanteri Pribumi Béngal, barontak ngalawan kakawasaan Pausahaan India Wétan Inggris di India, sarta ngailhaman kana Pangbarontakan 1857 nu katelah ku Pangbarontakan Sepoy.
- 1867 – Ratu Victoria ngasahkeun Akte Amérika Kalér Inggris nu ngadegkeun Kanada dina tanggal 1 Juli.
- 1871 – Balé Royal Albert dibuka ku Ratu Victoria.
- 1879 – Perang Anglo-Zulu: Patempuran Kambula: Pasukan Inggris ngéléhkeun 20.000 urang Zulu.
- 1886 – John Pemberton munggaran ngaracik Coca-Cola di hiji pakarangan tukang di Atlanta.
- 1941 – Perang Dunia II: Angkatan Laut Inggris jeung Australia ngéléhkeun Angkatan Laut Italia kaluar ti basisir Peloponnesia, Yunani dina Patempuran Bojong Matapan.
- 1945 – Perang Dunia II: Poé pamungkas serangan bom ngapung V-1 ka Inggris.
- 1962 – Arturo Frondizi, présidén Argéntina disingkirkeun dina hiji kudéta militer ku tentara Argéntina, mungkas krisis konstitusional 11½ poé.
- 1971 – Pangbantéyan My Lai: Létnan William Calley didakwa pikeun panelasan nu dihajakeun sarta meunang hukuman panjara saumur hirup.
- 1973 – Perang Viétnam: Sérsan Max Beilke, jadi soldadu perang pamungkas AS nu ninggalkeun Viétnam Kidul.
- 1973 – Operasi Barrel Roll, hiji pangeboman rahasiah AS di Laos pikeun nyegah nyusupna komunis ti Viétnam Kidul, lekasan.
- 1974 – Pasukan Térakota katimu di Propinsi Shaanxi, Tionghoa.
- 1999 – Lini 6,8 Mw narajang Distrik Chamoli di Uttar Pradesh, nelasan 103 jalma.
- 2002 – Dina raraga ngawales serangan Passover ku Hamas, Israél mesatkeun Operasi Tameung Panahan ngalawan militan Palestina, panggedé-gedéna operasi militer di Sisi Kulon ti saprak Perang Genep Poé taun 1967.
- 2004 – Bulgaria, Estonia, Latvia, Lithuania, Romania, Slowakia, jeung Slovenia arasup NATO minangka anggota pinuh.
- 2010 – Dua bom maéhan manéh di dua Métro Moskow dina puncak jam sibuk wanci isuk-isuk, nelasan 40 jalma.
- 2013 – Saheunteuna 36 jalma palastra nalika wangunan 16 tingkat rugrug di Darussalam, Tanzania.
- 2013 – Sapuluh jalma palastra sarta 31 lianna cidera dina hiji beledugan di saluareun konsulat AS di Paskistan.
- 2017 – Saurang patani di Sulawesi diteureuy ku oray sanca.
- 1790 – John Tyler, présidén AS ka-10 (td. 1862)
- 1816 – Dalai Lama ka-10 (td. 1837)
- 1854 – Raden Ayu Lasminingrat, pajoang émansipasi wanita (td. 1948)
- 1943 – John Major, PM Inggris
- 1964 – Elle Macpherson, artis, modél Australia
- 1972 – Rui Costa, pamaén bola Perancis
- 1973 – Marc Overmars, pamaén bola Walanda
- 1976 – Jennifer Capriati, atlét ténes Amérika
- 1994 – Sulli, artis Koréa Kidul
- 1792 – Gustav III, raja Swédia (l. 1746)
- 1912 – Robert Falcon Scott, pangjalajah Inggris (l. 1868)
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |