És dogér
inuman has Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
És dogér nyaéta ngaran inuman és sajenis és campur nu ilahar di wewengkon Jawa Kulon.[1] Asalna ti daérah Cirebon, nu kiwari geus sumebar ka sakuliah Jawa Kulon jeung sababaraha wewengkon séjénna kayaning Jakarta, Malang jeung Surabaya. Inuman ieu eusina peuyeum sampeu, susu, cipati, peuyeum ketan hideung jeung pacar cina.[1] Baheula mah ngaranna téh és serut nu kiwari jadi és dogér.[1] Baheula és dogér téh dijualna ku cara disuhun, tapi ku sabab kiwari geus mimiti maké gorobag, ngaranna robah jadi és dogér, singgetan tina és dorong gérobak.[1] ku sabab robah ngaranna, kitu ogé eusina ngilu robah, kiwari mah és dogér téh lain ngan saukur peuyeum, jeung pacar cina, tapi ogé ditambahan ku bahan lain kayaning alpuket atawa nangka.[1]