Valéncia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Valéncia (Basa Spanyol: [baˈlenθja]), atawa Valéncia (basa Valénsia: [vaˈlensia]), nyaéta puseur dayeuh komunitas otonom Valencia sarta mangrupa dayeuh katilu panggedéna di Spanyol sanggeus Madrid jeung Barcelona, kalayan sakitar 800,000 pangeusi di puseur administratifna. Wewengkon urbanna mekar kaluar tina wates dayeuh administratif kalayan populasi kurang leuwih 1.5 juta urang.[1] Valéncia téh mangrupa wewengkon métropolitan panggedéna katilu di Spanyol, kalayan populasi ti 1.7 tepi ka 2.5 yuta. Ieu dayeuh boga status kota global.[2] Palabuan Valéncia mangrupa palabuan peti kemas pangriweuhna ka-5 di Éropah sarta busiest palabuan peti kemas pangriweuhna di Laut Tengah.
Valéncia Valéncia/Valencia | |||
---|---|---|---|
Clockwise from top, Valencia skyline, Veles e Vents building, City of Arts and Science, Turia Riverbed Gardens, Virgin Square (Turia Fountain and Cathedral), modernist buildings in Town Hall Square. | |||
| |||
Nagara | Spanyol | ||
Komunitas Otonom | Citakan:Country data Komunitas urang Valéncia | ||
Propinsi | Valéncia | ||
Comarca | Valéncia | ||
Ngadeg | 137 SM | ||
Distrik | Daptar
| ||
Pamaréntahan | |||
• Tipe | Pamaréntahan walikota-déwan | ||
• Badan | Ajuntament de Valéncia | ||
• Walikota | Rita Barberá (PP) | ||
Lega | |||
• Kota | 134,65 km2 (5,199 sq mi) | ||
Luhurna | 15 m (49 ft) | ||
Pangeusi (2010) INE | |||
• Kota | 809.267 | ||
• Kapadetan | 60/km2 (160/sq mi) | ||
• Urban | 1,561,000[1] | ||
• Métro | 1,705,742 to 2,516,818 | ||
Démonim | valencià, valenciana (va) valenciano, valenciana (es) Valencian (en) | ||
Zona wanci | CET (GMT +1) | ||
• Usum Panas (DST) | CEST (GMT +2) | ||
Postcode | 46000-46080 | ||
ISO 3166-2 | ES-V | ||
Ramatloka | http://www.valencia.es |
Valéncia diadegkeun minangka jajahan Romawi dina taun 138 SM. Ieu dayeuh aya dina sisi walungan Turia, di béh wétanna basisir Bojong Iberia, nyanghareupan Teluk Valéncia di Laut Tengah. Puseur historisna mangrupa salah sahiji nu panggedéna di Spanyol, legana kurang leuwih 169 héktar;[3] warisan monumén-monumén kuna, pemandangan katut pintonan budaya nyababkeun Valéncia jadi tujuan pelesir pangkasohorna di Spanyol. Monumén utama di antarana Katedral Valéncial, Torres de Serranos, Torres de Quart, Llotja de la Seda (diaku minangka Loka Warisan Dunya ku UNESCO dina taun 1996), sarta Ciutat de les Arts i les Ciéncies (Dayeuh Seni katut Élmu Pangaweruh), hiji komplék budaya jeung arsitéktur nu dumasar kana hiburan nu dirancang ku Santiago Calatrava jeung Félix Candela.[4] Museu de Belles Arts de Valéncia nyimpen loba koléksi lukisan ti abad ka-14 tepi ka 18, kaasup karya Velázquez, El Greco, jeung Goya, kaasup ogé séri penting ukiran Piranesi.[5] Institut Valencià d'Art Modern (Institut Seni Modéren Valéncia) nyimpen koléksi permanén katut paméran seni jeung potografi kontémporér sementara.[6]