Kabupatén Ciamis
kabupatén di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Ciamis (Basa Sunda: ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪, Pegon: چياميس) téh hiji kabupatén nu aya di Provinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ieu kabupatén ayana di beulah wétan rada ka kidul Jawa Kulon, pabates-bates jeung Kabupatén Majaléngka jeung Kabupatén Kuningan di béh kalér, Kabupatén Cilacap jeung Kota Banjar di béh wétan, Kabupatén Pangandaran di kidul, Kota Tasikmalaya eujeung Kabupatén Tasikmalaya di kulon.
Fakta Singget
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪ | |
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪ | |
Motto | Mahayunan Ayuna Kadatuan |
Propinsi | Jawa Kulon |
Ibukota | Ciamis |
Lega Wilayah | 2.556,75 km² |
Kordinat | 7°19′36″S 108°21′07″E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 1.523.000 (2003) 1.768.532 jiwa Sabada pamekaran Pangandaran (2014)[1] 596 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 27 258/7 |
Dasar hukum | UU No. 11/1950 (ngadegna Kab. Ciamis) UU No. 27/2002 (Pamekaran Kota Banjar) UU 21 Taun 2012 (Pamekaran Kabupatén Pangandaran) |
Tanggal | - |
Bupati | Herdiat Sunarya |
Wakil Bupati | Yana D. Putra[2] |
Kode aréa | 0265 |
DAU | Rp. 1.303.907.527.000.(2013)[3] |
Ramatloka: ciamiskab |
Tutup
Kacamatan Banjar, nu baheulana ngahiji kénéh jeung Ciamis, ditingkatkeun statusna jadi kota administratip, jeung ti sabet tanggal 11 Désémber 2002 dijadikeun kota anu misah ti Kabupatén Ciamis. Salain éta gén, beulah kiduleun Ciamis dimekarkeun pas keur tanggal 25 Oktober 2012 jadi Kabupatén Pangandaran anu bogaeun 10 Kacamatan.